Senin, 15 Juni 2015

Walikota Bogor Neken Perjangjian Gawe Bareng jeung APEKSI



 Walikota Bogor, Bima Arya nèken perjangjian gawè bareng jeung Asiasi Pamarèntah Seluruh Indonesia (APEKSI) anu diwakilan ku Direktur Eksekutif Apeksi Sarimun Hadisaputra, sarta disaksian ku sababaraha pingpina daèrah  ngeunaan palaksanaan program parumusan  jeung  pangintegrasian bstrategi ketahanan kota  kana balukar parobahan iklim. Kajadian ieu dilaksanakeun dina  Pasamoan Informal Kepala Daerah pikeun Pangwanguna tuluy tumuluy di Green Garden Cafe and Resto Kebun Raya Bogor, Senin (15/6). Numutkeun Bima, maksud tina perjangjian èta pikeun ngawangun sistim pakotaan anu weweg tur bisa diandelkeun dina kota anu didasaran ku pamahaman sagemlengna (komprehensif. Kana wewengkon jeung masaraktna anu gampang katerapan.parobahan iklim.


“Sedengkeun tujuana pikeun ngamekarkeun parencanaan jeung program pangawangunan anu panimbangan aspek adaptasi sarta katahanan kota kana parobahan iklim,”pokna daria. Ditambahkeun ku Bima, perjangjian èta ogè ngawengku  parumusan strategi katahanan kota kana parobahan iklim sarta pangintegrasian strategi èta kana Rencana Pembangunan Jangka
Menengah (RPJMD) Kota Bogor
anu ngawengku riset iklim jeung  kajian
dampak, kajian kerentanan, perumusan strategi ketahanan iklim,
pelaksanaan strategi
tur  monitoring  jeung evaluasina.  Sakurangna 12 Pingpinan Daerah ngariung di Kebon Raya Bogor, pikeun nyawalakeun  ngenaan parobahan  hawa atawa iklim anu ditarèkahan ku ICLEI. Para pamingpin anu hadir dina pasamoan ieu nyaèta ti Kota Bogor Padang, Kupang, Tangerang Selatan, Makasar, Balikpapan, Pekalongan, Manado, Banda Aceh  jeung Bontang.Sawatara èta
Gubernur Jawa Barat anu diwakilan ku  Kepala BKKP Wilayah 1 Jawa Barat, Supriyatno nètèlakeun kacida reueusna ku ayana pasamoan ieu, sarta miharep pisan aya hasil anu nyugemakeun pikeun lingkungan sarta bisa mere mangpaat pikeun kasajahtraan masarakat.(tria/rahmat/agus/Dadang HP)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar