Kagiatan
mièling milangkala Bogor ka 533, Kalurahan Situgedè Kacamatan Bogor Barat, Kota
Bogor, bakal dipungkas ku Ngubek Setu dina poè Ahad, 14 Juni anu bakal datang.
Tapi samèmèhna bakal aya Lomba Ngawelah
Gètèk pikeun tingkat RW dina poè Saptu (13/6) isukan. Numutkeun pupuhu panitia
anu ogè pupuhu LPM Situgedè, Eman Sulaeman, sakurangna bakal aya 10 gètèk anu
miluan dina kagatan ieu. Tapi lamun sa-RWna aya dua , Situgedè bakal pinuh ku7
gètèk, sakurangna aya 20 gètèk anu bakal miluan.
“Pikeun
waragad nyieun gètèkna dirèang-rèang ku masarakat, sabab panitia mah teu bisa
nyadiakeun duit,”pokna ka WartaBasaSundaBogor (WBSB) di sisi sètu. Masih ceuk
Eman, dina peuting ieu, para inohong masarakat, RW, RT jeung LPM bakal
ngalaksanakeun do’a babarengan, mènta kasalametan ka Nu Maha Murbeng Alam, Allah
SWT. Salian ti èta, ngadu’a sangkan lauk anu aya di Situgedè beunang diala ku
para pamilon ngubek sètu.
“Panitia
mah miharep pisan sangkan nu milu ngubek sarugema mareunang lauk,”pokna daria.
Sawatara gètèk anu dipakè lomba dina poè Saptu, bakal disèwakeun ka para
pamilon ngubek sètu, harga sèwana kumaha kusupakatan warga. Pikeun karcis anu
ngubèk, hargana Rp 50 rèbu sa-jalana. Lamun dina gètèk aya dua jala, nya kudu
meuli dua tikèt atawa mayar Rp 100 rèbu.
“Hadiah
pikeun Lomba gètèk disadiakeun ku pihak sponsor nyaèta kumpulan dealer motor
Honda anu ti Bandung,”teges Eman.
Rengrengan LPM jeung RW-RT Kel, Situgede mangsa keur rapat |

Tidak ada komentar:
Posting Komentar