Sabtu, 13 Juni 2015

Poe ieu Lomba Getek, Isukan Ngubek Setu



Lomba Getek anu diayakeun ku Panitia Hari Jadi Bogor ka 533  Kalurahan Situgede, Saptu (13/6) di Setugedè lumangsung ramè. Para pamilon ti 6 RW jeung panitia, usaha satèkah polah ngawelah gètèkna bulak-balik ti tempat munggaran ka tengah-tengah sètu anu ditandaan ku bandèra sarta  dipungkas di tempat munggaran. Sagètèkna dieusi ku 4 urang. kagiatan anu dilaksanakeun dina mapag bulan puasa jeung mièling milangkala Bogor anu ka 533, dibuka ku Kepala Disbudparek Kota Bogor, anu ngèlèbètkeun bandèra LPM di tengah-tengah sètu. Numutkeun Shahlan, runtuyan kagiatan di Kalurahan Situgedè kawilang padet, saentas acara Ngabodor Sorangan (Borangan) anu dilaksanakeun dina Kemis mangkukna, dina Saptu ayeuna dieusi ku Lomba Gètèk sarta dipungkas ku ngubek sètu dina poè Ahad.
“Mudah-mudahan ku ayana kagiatan-kagiatan anu dilaksanakeun ku pihak panitia bisa ngaronjatkeun nu arulin ka Situgedè sarta aya mangpaatna pikeun masarakat di sabudeuren sètu,”sanggemna. Sawatara èta, Camat Bogor Barat, R. Irwan Gumelar, palaksanaan Borangan, Lomba Rakit jeung Ngubek Setu, lain ngan saukur  pikeun ngaronjatkeun  pariwasata wungkul, tapi ogè tempat silaturahim pikeun masarakat Situgedè.
“Situ jeung wahangan anu aya di wewengkon Situgedè teu bèda ti kolot urang anu kudu diraksa jeung dijaga sangkan caina tetep hèrang ulah nepi ka kiruh, diantarana teu miceun runtah ka wahangan. Ieu sajalan jeung program Bogoh ka Bogorna Walikota Bogor, bapa Bima Arya,”tegesna.
Hal ieu saluyu jeung pamadegan Ketua LPMna, Eman Sulaeman, anu miharep pisan pangrojong ti pamarèntahan satempat sarta masarakat. Eman ogè nganuhunkeun kana bantuan anu geus disumbangkeun ku warga Situgedè, boh tanaga,pikiran, sarta hartabandana.
“Kagiatan ieu  ti rahayat, ku rahayat jeung pikeun rahayat,”sanggemna.
Pikeun ngareuah-reuah kagiatan Lomba Gètèk, dipintonkeun tarian Rèngkak  Ayakan jeung Sancang Gugat ti Sanggar Gandes Pamantes ti Kalurahan Situgedè. Numutkeun pupuhu sanggarna, Indi Febriani, Tari Rèngkak Ayakan anu diangkat tina kabiasaan masarakat Situgedè dina ngubek sètu, meunang pangleler kahiji dina panataan tari sa-Kota Bogor jeung sa-Jawa Barat.  Numutkeun Kabag Humas Setda Kota Bogor, Encep Moch. Alhamidi, Wakil Walikota Bogor, Usmar Hariman rencanana bade sumping ngaluuhan Ngubek Setu dina Ahad (14/6)isukan (Dadang HP)




Tidak ada komentar:

Posting Komentar