Kamis, 04 Juni 2015

Milangkala Ngaran Orok anu lahir din 3 Juni 2015



Rumah Sakit Ibu Anak (RSIA) UMMI,  dina Rebo (3/6) kamari ngadadak ramè, jeung para pasèn anu keur ngadagoan dipariksa, ting raringeuh ku kasumpingan Walikota Bogor, anu rèk ngalongok orok anu dilahirkeun dina poè èta. Salah saurang indung anu anakna lahir dina poè èta, 3 Juni 2015, marengan jeung milangkala Bogor anu ka 533, Reni Puspitasari warga Jalan Durian Raya, Bantar Kemang mènta sangkan Walikota Bima mere ngaran anakna.
“Sangkan putra ibu èmut yèn milangkalana sami sareng milangkala Bogor, ku abdi dinamian Milangkala,”saur Bima. Salian ti mere ngaran ka budak anu lahir dina tanggal 3 Juni, Bima ogè maparin bingkisan ka barudak anu dilahirkeun dina tanggal 3 Juni. Kagiatan ieu, ceuk Bima geus lumangsung ti taun kamari, sarta bakal dilaksanakeun dina unggal taun. (Rijal/ Dadang HP)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar