Mapagkeun datangna bulan suci Ramadhan, Keluarga Muslim
Bogor (KMB) ngalaksanakeun pangajian Tarhib Ramdhan jeung Santunan Budak Yatim di Hotel Sahira, Kota Bogor, Jumaah
(5/6). Pangajian ieu dipiluan ku 100
urang budak yatim tina 350 urang yatim binaan ti 4 Kacamatan di Kota Bogor.
Dina kasempetan èta Walikota Bogor, Bima Arya nyumangetan ka barudak yatim ku
jalan nganasèhatan sangkan terus usaha bari tetep ibadah.
“Teu saeutik barudak yatim anu mampuh
jadi jalma sukses jeung jalma-jalma gedè,”sanggemna. Sawatara èta Ketua MUI Kota Bogor, KH. Adam
Ibrahim mere tausiah ngeunaan persiapan nyanghareupan bulan puasa anu bakal
datang sababaraha poè deui. Salian ti pangurus KMB sarta ondangan nu
liannya aya ogè Direksi PD.Pasar Jaya Deni Harumantaka jeung wawakil manajemen
Sahira Hotel, Benn.
(gus/met/rahmat/Dadang HP)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar