Selasa, 23 Juni 2015

Lengkah Dispenda Geus Loba Kamajuan



Walikota Bogor, Bima Arya ngawaskeun dua pasualan patali jeung pangkolaan anggaran nyaèta serapan anggaran belanja  jeung  realisasi panghasilan. Pasualan ieu ditepikeun Bima sarèngsèna “monitoring” di Dispenda Kota Bogor, Selasa (23/06). Numutkeun Bima, saentas dijèntrèkeun aya sababaraha pasualan anu kudu diriksakeun deui diantarana pangjadwalan kagiatan-kagiatan Dispenda. Inyana ogè umaku yèn di Dispenda Kota Bogor aya lèngkah-lèngkah anu kawilang maju diantarana tarèkah anu dilaksanakeun sarupaning panghapusan dengda pajak. Di sagigireun èta ku ayana kanaèkan ku ngaronjatna nu daratang ka hotel-hotèl, diharapkeun aya kamajuan dina target panghasilan sarta restoran bisa kahontal taun hareup.
“Kaitung nepi ka Juni 2015, pendapatan  Dispenda Kota Bogor geus ngahontal 40%  tina target anu jumlahna geus ditetepkeun Rp 617 miliar,”ceuk Bima.  Dina kagiatan èta, monitoring  dipingpin langsung ku Kepala Dispenda langsung Daud Nedo Darenoh sarta Sekretarisna, An An Andri tur sajumlah kepala bidang  jeung kepala seksi.( Tim Humas/Dadang HP)


Tidak ada komentar:

Posting Komentar