Senin, 29 Juni 2015

TFL Survey di 6 Pasar di Kota Bogor



Mangratus-ratus Tanaga Fasilitator Lapangan (TFL) 3R sa-Pulo Jawa  jeung  Kalimantan, daratang ka Kota Bogor, pikeun ngaronjatkeun  kamampuan tanaga fasilitator lapangan, Senen (29/6). Numutkeun

Kepala Seksi Pengembangan Teknologi Pengelolaan Sampah (PTPS) Dinas Kebersihan jeung  Pertamanan (DKP) Kota Bogor Lusi Nurbaiti Badri, 

Kepala Seksi Pengembangan Teknologi Pengelolaan Sampah (PTPS) Dinas Kebersihan jeung  Pertamanan (DKP) Kota Bogor Lusi Nurbaiti Badri, rombongan ieu dibagi jadi 6 kelas anu sakelasna aya 43 urang. Unggal kelasna, ceuk Lusi, bakal ngalaksanakeun survey di 6 pasar anu aya di Kota Bogor nyaèta Pasar Bogor, Pasar Gunung Batu, Pasar Jambu Dua, Pasar TU, Pasar Sukasari sata Pasar Merdeka. “Maranèhanna bakal survey ti hilir nepi ka girang di puseur-puseur pangbalanjaan, kompleks paimahan anu resik nepi ka anu pangkusutna,”teges Lusi. Sawatara èta ketua kelompok anu ngalaksanakeun survey di Pasar Bogor, Suharto Suteyo, poè èta, inyana jeung pamilon TFL ngan saukur nempo aya gundukan runtah di masarakat.  Runtah ieu, saterusna dipisahkeun antara runtah organic jeung non organic.“ Poè ieu mah ngan saukur ngalaksanakeun survey wungkul, sarta bakal balik deui ka Jakarta,”tegesna. (Lani /Tria/Dadang HP)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar