Rabu, 24 Juni 2015

Bima Ngadeuddeug Pos Yandu di Kedung Jaya

 Walikota Bogor, Bima Arya dibarengan ku Camat Tanah  Sareal, Taufik sarta rèngrèngan Lurah sa-Kacamatan Tanah Sareal, ngadeugdeug Posyandu Mawar anu pernaha di RW O7 Kalurahan Kedung Jaya Kacamatan Tanah Sareal anu can pati lila dirèhab, Selasa (23/6). Numutkeun Lurah Kedung Jaya, Pria Gunandi, Posyandu Mawar anu kakara rèngsè dirèhab, waragadna ti PDPM gedèna Rp. 33.502.000 ditambah hasil swadaya masyarakat  anu lobana Rp 1.500.000, sarta wangkid kiwari geus siap digunakeun ku para kader.  Inyana ogè mertèlakeun salian ti Pos Yandu, ogè diwangun saluran cai di RW 03, anu panjangna 800 meter, lebarna 40 cm  sarta jerona 30 cm.
"Alhamdulillah rèngsè dina  mangsana, nyaèta 30 poè gawè,”teges Pria. Ku  rèngsèna pangwangunan saluran atawa kamalir cei èta, Pria miharep masarakat di lemburna kabantu, dinatarana taya cai anu ngeyembeng di hareupeun imahna. (Tria/Lani/Dadang HP)


Tidak ada komentar:

Posting Komentar