Pikeun nyegah sumebarna panyakit Demam
Berdarah anu disababkeun ku reungit Aedes Aegypti, pihak Kacamatan Bogor Barat ngalumangsungkeun
kagiatan Gerakan Pemberantasan Sarang Nyamuk (Gertak PSN) anu dipuseurkeun di Gangg.
Kelor RW X Kalurahan Menteng, Jumat (5/6). Numutkeun Seklur Menteng Nina
Rusmalina mangsa marengan kader Jumantik, dina kagiatan Gertak PSN ieu aya
wawakil ti Kementerian Kesehatan anu dibarengan ku Kepala Dinas Kesehatan Kota dr. Rubaeah sarta Camat
Bogor Barat Irwan Gumelar jeung Lurah Menteng Heru Sudewo.
“Gertak PSN dilaksanakeun ku jalan
ngadatangan imah para warga pikeun mariksa bak mandi, tempat-tempat panampungan
cai bari ngabèwarakeun pentingna ngaberantas sayang reungit,”tegesna. Gertak
PSN ogè dilaksanakeun di 19 W lianna di Kalurahan Menteng, pangna dipuseurkeun
di RW IX, kusabab kungsi aya kajadian
DBD di RW ieu. Pikeun ngalancarkeun Gertak PSN, samèmèh dilaksanakeun kagiatan,
Lurah Menteng geus nyieun surat èdaran ka RT jeung RW sangkan umajak ka wargana
pikeun ngalaksanakeun kerja bakti ngabersihan sayang reungit, kitu ogè pihak
Puskesmas teu eureun eureun ngalaksanakeun panyuluhan ngeunaan bahayana
panyakit DBD (Tria/Dadang HP)


Tidak ada komentar:
Posting Komentar