Sarèngsèna muka kalayan resmi Workshop Seri ke-3 Smart City di rohangan Rapat III Balaikota, Salasa (16/6),
Walikota Bogor, Bima Arya ngawanohkeun Bogor Green Room ka Menteri
Komunikasi jeung Informatika,
Rudiantara. Bima nètèlakeun Pamarèntah Kota Bogor, mibanda cita-cita ngajadikeun Bogor jadi
green city sarta green transportation. Pakakas anu aya di Bogor
Green Room ieu anu bakal mawa Kota Bogor ka tempat anu dituju, ceuk Bima.
“Sanajan tacan maksimal
sakumaha harepan, tapi kacida miharepna lamun Menkominfona urang Bogor, command center ieu bakal jadi panghareupna di
Indonesia,”tegesna. Inyana ogè negeskeun moal bakal aya hartina lamun pakakas
anu diwangun sakumaha luhungna, tapi teu dibarengan ku nyambungna kawijakan
jeung parobahan. Kukituna Pamarèntah
Kota Bogor bakal terus nyampurnakeun pakakas anu aya di Green Room. Nepi ka
wangkid kiwari, BGR, bakal terus dimekarkeun ku disaster management anu bakal
ngagambarkeun kaayaan cai di Bendungan Katulampa, ngenalkeun tatangkalan
sarta smart energy pikeun ngariksakeun
PJU anu pareum, Smart Tourism, Smart School tur Smart Health.
“Green Room memang
diharepkeun bisa mantuan Pemkot Bogor dina ngungkulan pasualan-pasualan anu
geus kawilang parna di Bogor diantarana kamacètan diantarana ku jalan masang
sababaraha parabot kayaning Vehicle tracking via GPS, layanan pamariksaan
lalu-lintas ku CCTV, pengintegrasian
sistem ka sakabèh dines jeung pangaduan masarakat sarta pangwangunan sistem
sosial media twiter anu wajib dipibanda ka sakabèh SKPD,”tegesna. (Tria/Lani/Dadang
HP)


Tidak ada komentar:
Posting Komentar