Kamis, 11 Juni 2015

Panarimaan Siswa On-Line Geus Siap Pisan



Ngadeukeutan palaksanaan panarimaan peserta didik baru (PPDB) 2015, Dines Pendidikan Kota Bogor rajin ngabèwarakeun ngaliwatan rupa-rupa media ka masarakat ngeunaan hal èta. Sakumaha anu ditepikeuun ku Kepala Seksi Kurikulum Bidang Pendidikan Menengah Dinas Pendidikan, Jajang Koswara. Numutkeun Jajang, pihak Dines Pendidikan, geus tiheula nyiapkeun tanagana kujalan mere palatihan ka operator-operator sarta ngabèjaan ka sakola-sakoal. Sangkan program ieu lncar, pihakna ogè ngajak gawè bareng Pustekom pikeun nyadiakeun sever, porgam jeung media on linena.
“PPDB taun 2015 ayeuna kawengku 4 jalur, nyaèta jalur prestasi (japres) atawa off line, siswa kurang mampu, jalu anak kandung  ti tanaga pangajar jeung anu biasa atawa on line,”sanggemna. Jalur prestasi pikeun budak sakola anu mibanda prestasi ti mimiti tingkat kota, provinsi, nasional nepi ka internasional anu ngawengku loba widang bari tetep ngaheulakeun seleksi sarta jinisna. Pikeun palaksnaan pangdaftaran ti mimiti tanggal 11 nepi ka 13 Juni 2015, sarta jumlahna ukur 15 persen sasakolana. Pikeun tanaga pangajar, bisa ngadaftarkeun anak kandungna di tempat gawèna saluyu jeung PP No.17 tahn 2010.  Tujuanna pikeun ngahargaan kana pangabdianna, boh PNS atawa nu lain PNS. Lumakuna di taun 2015 ayeuna, kahareupna bakal dititènan deui.
“Salian ti èta, Bapa Walikota ogè narèkahan sangkan siswa anu masakat tur hayang sakola. Pikeun urusan ieu jeung anak kandung jumlahna ukur 10 persèn sasakolana. Sartana aya seleksi umum jeung administrasi diantarana aya Kartu Perlindungan Sosial, Kartu Indonesia Pintar  jeung Kartu Keluarga Kota Bogor. (Rahmat/ Dadang HP) 
 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar