Kaayaan
Kota Bogor, dina raraga mièling Milangkala Bogor anu ka 533 saminggu ieu mah èstu
ramè kacida, ti mimiti Bogor Expo di GOR Pajajaran, Helaran Budaya anu
dilaksanakeun dina Saptu (30/5), sarta tadi peuting, pawèy obor, Sènèn (1/6)
dibarengan ku pagelaran wayang golèk di buruan Balèkota Bogor. Pawèy obor anu
dimimitian di Balèkota Bogor, dijurungkeun ku Wakil Walikota Bogor, Usmar
Hariman dibarengan ku Kadisbudparekraf Kota Bogor, Shahlan Rasyidi. Sakurangna
lima ratus urang milu dina kagiatan anu dilaksanakeun ku Lembaga Kabudayaan
Sentradaksa Bogor. Numutkeun pupuhu Panitia Pawèy Obor, Arman “Jaka Sunda”
Yusuf aya sababaraha komunitas anu milu kagiatan ieu, diantarana Kokolot Bogor,
Jaka Sunda, Kidang Pasoendan, Paguron Silat Cimande, sarta nu lianna. Pikeun
pawèy Obor ieu, ceuk Arman panitia nyadiakeun 1000 obor. Kagiatan pawèy dina
raraga mièling milangkala Bogor ieu geus dilumangsungkeun pikeun ka tilu kalina,
sarta beuki dieu, pamilonna beuki loba Rombongan pawèy ngaliwatan Jalan Juanda, Otto Iskandar Dinata, pikeun
mapagkeun “Nyi Ambet Kasih” prameswarina Sri Baduga Maharaja anu bakal diistrènan
pikeun kadua kalina jadi Raja Sunda jeung para dayangna di Tugu Kujang.
“Ieu
minangka revitalisasi pindahna Purasaba ti Kawali Ciamis ka Bogor anu ngaleut
ngabandaleut ti Ciamis ka Bogor,”sanggemna. Samèmèhna di tempat èta aya babagi iket ku pantia anu dimimitian ku Pupuhu KIS Bogor, Asep Teddy, budayawan Bogor sarta Wakil Walikota Bogor Usmar Hariman, ka masarakat Bogor.
Rombongan pawèy dibagèakeun Walikota
Bogor bari samèmèhna dipapagku rampak gendang,
Tari Merak, Silat sarta parebut sèèng. Sabada bèrès dibagèakeun
masarakat Bogor disuguhan pintonan Wayang Golek, Dadan Sunandar Sunarya putrana
maetro dalang Wayang Golek, Asep Sunandar Sunarya ti Giriharaja Bandung. Salila mapay jalan, di deukeut jambatan
Sempur, aya kajadian anu rada ahèng, Uut anu jadi Nyi Ambet Kasih, ngarasakeun
beuheungna karasa beurat pisa, sarta ampir kasarumahan. Ngan untungna, aya
sababaraha urang anu rada bisa dina urusan èta, bisa nyageurkeun. Numutkeun
salah saurang kasepuhan Bogor anu ngaranna teu daèkeun disebutkeun, urusan
jeung Karajaan Pajajaran mah, teu meunang sagawayah.
“Percaya
teu percaya sok aya waè kajadian anu ahèng-ahèng,”pokna daria. (Dadang HP)

der ah
BalasHapus