Jumat, 19 Juni 2015

Bima Ngariksa 2 Kantor Kalurahan anu keur Direhab


Walikota Bogor, Bima Arya Jum’at (19/6)  ngariksa renovasi gedong Kelurahan Empang jeung  Kelurahan Cikaret di Kacamatan Bogor Selatan. Dina kagiatan èta Bima disarengan ku Pupuhu  TP PKK Kota Bogor Hj. Yane Ardian, Kepala Bagian Administrasi Pemerintahan Umum Herry Karnadi sarta  Sekretris Kecamatan Bogor Selatan tur Lurah Empang, Anda Suhanda. Renovasi gedong Kalurahan Empang diperkirakeun geus ampir 50 persèn.



 Numutkeun Bima, pangwangunan Kalurahan Empang kawilang cepet jeung lancar, sanajan kakara lumangsung salila sabulan. Saentas ngariksa gedong anu keur diwangun Bima  terus maruksa kantor Kalurahan Empang sawatara anu pernahna di Gang Pahlawan 1, RT.005 RW.008. Bèrès mariksa, Bima  jeung rombongan ngadeugdeug pangwangunan gedong Kalurahan Cikaret di tempatna anu anyar nyaèta di Gang Kosasih dibarengan Lurah Cikarèt  Erwan Siswanto. Inyana miharep sangkan pangwangunan anu keur dilaksanakeun saluyu jeung waktuna, sangkan panglayanan masarakat henteu kaganggu.  Di taun 2015  aya 22 kantor kelurahan kalurahan anu keur dirèhab, sèsana 11 kantor deui bakal dilaksanakeun taun hareup. (Rahmat/Ismet/Dadang HP)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar