Rabu, 08 Juli 2015

Bima Marentahkeun Disdik Maluruh Ayana Pabedaan Angka PPDB On Line



Walikota Bogor, Bima Arya meredih ka  Kepala Dinas Pendidikan Kota Bogor, Edgar Suratman pikeun maluruh ayana laporan ti masarakat patali ayana pabèdaan angka di dakol jeung angka saentas diasupkeun (up load). Hal èta ditegeskeun Bima mangsa ngalaksanakeun pangawasan ka Dines Pendidikan, Salasa (6/7). Aya pabèdaan ieu, sanggem Bima, bisa ku rupa-rupa pasualam, naha bèdana tèh disanankeun di Pustekom jeung  Provinsi atawa aya kasalahan teknis, atawa aya kongkalikong di jerona. Dijelaskeun ku inyana, parobahan angka ieu kajadianna bisa ogè mangsa keur dikolektidkeun leutik tapi saentas “diupload” jadi gedè.
“Saentas dipariksa, teu mungkin kajadianna di dieu (Dines Pendidikan Kota-red) anu ngarobahna, sabab anu bisa ngarobah ukur di provinsi, kusabab anu bisa asup kana sistemna ukur di provinsi. Di dieu mah teu bisa asup kana sistimna,”teges Bima. Kusabab kitu, pasualan ieu bakal dipaluruh heula.
“Tapi tangtuna saentas aya Surat Keputusan Hasil Ujian Nasional (SKHUN)  kalayan nilèy anu diupload anu pamungkas. Lamun henteu saluyu, kakara dipaluruh,”pokna daria. (Tria/Lani/Dadang HP)


Dines Pertanian Kota Bogor Ngajamin Daging anu Sumebar Halal



Kepala Dines Pertanian Kota Bogor, Azrin Syamsudin nètèlakeun yèn ampir sabagèan masarakat Kota Bogor raresepeun daging beku  tibatan daging seger. Daging beku ieu lolobana dijual di pasar modern, sarta asalna ti Jawa Timur, sakumaha anu dijualan di Pasar Bogor.  Hal èta dicaritakeun Azrin basa babarengan  Wakil Walikota Bogor, jadi panyatur di Radio Sipatahunan, sababaraha waktu kaliwat.
 “Pikeun ngurangan resiko neuli dagung seger aya sababaraha cara, nyaèta ku jalan meuli daging anu digantung,”ceuk Azrin. Sawatara ngeunaan halal dina cara motongna, inyana negeskun yèn masarakat ayeuna geus kacida palintena, pikeun èta  Dinas Pertanian Kota Bogor sorangan gawè bareng jeung Badan Litbang Pertanian  geus remen pisan mere pendidikan jeung pelatihan boh dina cara  ngurus sato jeung kasèhatan  daging  saentas dipeuncit. Azrin ogè ngajamin ngeunaan daging-daging anu sumebar di Kota Bogor, sakabèhna halal. Sawatara èta, Wakil Walikota Bogor, Usmar Hariman ngajelaskeun yèn RPH di Kota Bogor geus meunang ISO
“Jadi ti mimiti dipeuncit jeung saentasna geus meunang label halal ti MUI,”tegesna. (rahmat/  ARW/Dadang HP)

Sabtu, 04 Juli 2015

Barudak Yatim sa-Kota Bogor Meunang Santunan



Sarebu lima ratus (1500) budak yatim sa-Kota Bogor, meunang santunan jeung bingkisan ti Asosiasi Pengusaha Jasa Boga Indonesia cabang Kota Bogor anu gawè bareng jeung TP PKK Kota Bogor di buruan Balèkota Bogor, Saptu (4/7). Kagiatan dilaksanakeun dina raraga buka puasa bareng dina Ramadhan ayeuna. Bingkisan dipasrahkeun ku Walikota Bogor, Bima Arya disarengan ku Ketua PKK Kota Bogor, Yane Ardian sacara simbolis ka 8 urang barudak yatim. Salian ti Bima jeung Yane, Wakil Walikota Bogor, Usmar jeung Sekda Kota Bogor, Ade Sarip ogè milu masrahkeun dibaturan ku istri-istrina. Dina kasempetan èta, Bima umajak ka barudak yatim sangkan ngajalankeun puasa  sabulan pinuh kalayan jujur, sabab disaksian ku Allah SWT.
“Puasa ngalatih kajujuran anu bakal jadi modal hidep di mana waè ayana,”sanggem Bima. Sawatara èta. Ketua Asosiasi Pengusaha Jasa Boga Indonesia (APJI)  anu ogè pupuh panata calagara, Dadang Muhidin negeskeun yèn kagiatan samodèl kitu lumangsung unggal taun.
“Taun kamari aya sarèbu urang, ayeuna mah Alhamdulillah nambahan jadi 1500 urang,”sanggemna. Pikeun ngalaksanakeunna, APJI gawè bareng jeung TP PKK Kota Bogor, pikuen ngakoordinir barudak yatim ti 68 kalurahan, sarta ditambahan ti  Yayasan Yatim Mandiri.
“Waragadna meunang sumbangan ti sponsor, para donatur sarta pangurus APJI,” saurna (Tria/Lani/Dadang HP)


Dahlan, Bima Buka Puasa jeung Barudak Yatim di Vihara Dhanagun



Badan Sosial Lintas Agama (Basolia) Kota Bogor, Vihara Dhanagun, Persaudaraan Liong Barong Bogor  sarta  Persatuan Gerak Badan Bangau Putih  ngalumangsungkeun buka puasa babarengan di di Vihara Dhanagun, Jl.Suryakencana, Bogor, Saptu (4/7).
Numutkeun Walikota Bogor, Bima Arya ngariungna di tempat èta, sakurangna aya dua hal, nyaèta dina raraga silaturahim jeung babagi.
“Wakca kuring ngarasa bagya ku kasumpingan bapa Dahlan Iskan, anu gedè pisan jasana ka republik ieu,”ceuk Bima basa biantara sabot ngantosan kasumpingan Dahlan Iskan. Bima ogè umajak ka nu haladir, pikeun ngadu’akeun Dahlan Iskan sangkan dipaparin kasèhatan lahir batin sarta tuluy-tuluy nyumbangkeun pamikiran sarta nu lianna pikeun nagara. Sawatara pangurus Vihara Dhanagun, Guntur negeskeun kacida nganuhunkeunna kana ayana kagiatan èta.
“Buka bareng jeung barudak yatim ieu, pikeun kadua kalina dilaksanakeun. Sakumaha warga Kota Bogor sèjènna tangtu hoyong pisan babagi kabagyaan jeung barudak yatim,”tegesna. Sedengkeun Dahlan Iskan anu tadina teu daèkeun nyarita, ahiran babagi pangalamanna saentas disedek ku pihak panitia. Sanggem Dahlan, inyana geus tilu kali ngalaman puasa di Tiongkok kusabab keur uubar. Ngalaksanakeun shaum di Tiongkok, lilana 17 jam, sabab panon poè bijil jam 3, surup jam 9 peuting. Ngadeukeutan waktu buka puasa, KH. Zaenal Abidin anu ogè pupuhu Basolia mere tausiah ka nu araya di dinya.  Kagiatan buka bareng ieu, diteruskeun ku ngabagikeun santunan ka 50 urang barudak yatim. (rahmat/ ARW/Dadang HP)

Pasar Murah Bakal Disadiakeun di BKPP. 8-9 Juli 2015



 
M. Sinaga
Sakurangna 70 stand bakal disadiakeun pikeun para palaku usaha sa-Kota Bogor dina Pasar Murah anu bakal dilumangsungkeun ku Dinas Perindustrian  jeung  Perdagangan Kota Bogor di buruan Badan Koordinasi Pemerintahan jeung Pembangunan (BKPP) Wilayah I Jawa Varat Jalan Juanda Kota Bogor dina , tanggal 8-9 Juli 2015 nu bakal datang. Pasualan ieu dicaritakeun ku Kepala Bidang Perdagangan, Disperindag Kota Bogor, Mangahit Sinaga di kantorna, sababaraha waktu kaliwat.
“Anu bakal didagangkeun ti mimiti kadaharan, inuman, pakèan hasil IKM, industri rumahan  jeung pangusaha sèjènna. Kusabab ieu  pasar murah saha ogè bisa dafta,”ceuk M. Sinaga.  Inyana miharep ku ayana Pasar Murah ieu, masarakat bisa nedunan kabutuhan pikeun Lebaran, sarta mantuan IKM pikeun ngajual  hasil karyana. (Tria/Lani/ Ridwan/Dadang HP)