Kamis, 04 Juni 2015

Mieling HJB di Kalurahan Panaragan

Teu kurang ti 600 urang warga Kalurahan Panaragan Kacamatan Bogor Tengah ti mimiti barudak leutik, rumja nepi ka nu karolotna, miluan jalan sèhat dina raraga mièling milangkala Bogor anu ka 533. Kagiatan ieu dimimitian ti buruan kantor kelurahan Panaragan saterusna ngurilingan sababaraha tempat di wewengkon èta.  Lurah Panaragan Rika Riska Riana Dewi anu dibarengan Ketua LPM, Opang anu ogè pupuhu panitia nètèlakeun yèn kagiatan ieu dina raraga mièling HJB ke-533 sakaligus ngaraketkeun tali silaturahim diantara wargana. Nu mariluan dina gerak jalan ieu, tètèla leuwih ti 600 urang, sabab tiket anu lobana 600 lembar bèak kabèh.
“Kagiatan ieu saluan ti dirojong ku RT, RW jeung LPM ogè masarakat sarta anggota DPRD Kota Bogor, Bapa Eka Wardana,”sanggemna. Maranèhanna  nyadiakeun  sakabèh kabutuhan ti mimiti tenda, soundsystem, organ tunggal nepi hadiah jeung hiburanna.  Rika ogè negeskeun yèn para pamilon jalan santèy ieu nepi di tempat nu pamungkas di sekretariat KWB langsung dihibur organ tunggal.
Bari ngadagoan hadiah hiburan sarta pangumuman juara lomba kebersihan antar RW, bisa mariksakeun kasèhatan jeung uubar haratis.
"Pangobatan gratis ieu  sumbangsih anggota DPRD Kota Bogor Eka Wardana  anu gawè bareng jeung Puskesmas Merdeka," pungkasnya. (Tria/Dadang HP)

Lurah Panaragan

Rika Riska Riana Dewi

Dina Rapat Paripurna HJB Bima Umajak Sangkan Bogoh ka Bogor Dilarapkeun




Rapat paripurna istimewa Dewan Perwakilan Rakyat Daerah (DPRD) Kota Bogor dina raraga mièling milangkala Bogor  ka 533 taun 2015  lumangsung di Gedong DPRD Jalan Kapten Muslihat, Kota Bogor  Kota Bogor Rabu (3/6).
Walikota Bogor Bima Arya dibarengan ku Wakil Walikota Usmar Hariman, Kepala BKPP Wilayah I, Suprianto, Ketua DPRD Kota Bogor, Untung W. Maryono sarta pingpinan DPRD lianna nganggo raksukan adat Sunda, Kampret lengkep  jeung totopongna sarta Beskap  hadir dengan mengenakan setelan kampret, pakaian pria tradisional khas sunda yang dilengkapi penutup kepala totopong. Dina rapat ieu, salian ti dilungguhan ku manten Walikota Bogor periode 1999-2014 Diani Budiarto, ogè Muspida satempat sarta tamu undangan sèjènna.
Sidang paripurna yang dipimpin Ketua DPRD Kota Bogor Untung Maryono, ngagunakeun basa Sunda, kitu ogè Walikota Bogor mangsa ngadugikeun pangbagèa. Samèmèh pangbagèa Walikota, aya pangbacaan ringkesan sajarah Bogor jeung Pantun Pacilong. Dina pangbagèana, Bima umajak sangkan sakumna warga Kota Bogor nyanghareupan halangan jeung harungan anu kacida gedèna dina mangsa hareup.
 “Koncina paheuyeuk-heuyeuk leungeun dina ngolah pamarèntahan dibarengan ku rasa ihlas, sarta nerapkeun nyaah ka Bogor ku lengkah paripolah, lain saukur nyarita wungkul,”tegesna. (Met/ Gus/ dkw/Dadang HP)


Milangkala Ngaran Orok anu lahir din 3 Juni 2015



Rumah Sakit Ibu Anak (RSIA) UMMI,  dina Rebo (3/6) kamari ngadadak ramè, jeung para pasèn anu keur ngadagoan dipariksa, ting raringeuh ku kasumpingan Walikota Bogor, anu rèk ngalongok orok anu dilahirkeun dina poè èta. Salah saurang indung anu anakna lahir dina poè èta, 3 Juni 2015, marengan jeung milangkala Bogor anu ka 533, Reni Puspitasari warga Jalan Durian Raya, Bantar Kemang mènta sangkan Walikota Bima mere ngaran anakna.
“Sangkan putra ibu èmut yèn milangkalana sami sareng milangkala Bogor, ku abdi dinamian Milangkala,”saur Bima. Salian ti mere ngaran ka budak anu lahir dina tanggal 3 Juni, Bima ogè maparin bingkisan ka barudak anu dilahirkeun dina tanggal 3 Juni. Kagiatan ieu, ceuk Bima geus lumangsung ti taun kamari, sarta bakal dilaksanakeun dina unggal taun. (Rijal/ Dadang HP)

Dua Urang Murid SMAN 6 Dihadiahan KTP ku Walikota Bogor



Masih dina raraga mièling  milangkala Bogor anu ka 533 dina 3 Juni 2015, Pemkot Bogor anu diwakilan ku Dinas Kependudukan  jeung  Catatan Sipil ngabagikeun KTP haratis ka 51 urang  warga Kota Bogor, anu lahir dina tanggal 3 Juni 2015  anu umurna 17 taun. Hal èta ditegeskeun Kepala Bidang Kependudukan Dukcapil Agus Suparman. Masarakat anu narima KTP elektronik gratis ieu, sumebar di 6 Kacamatan sarta diantarana aya dua urang murid SMA Negeri 6, anu narima langsung ti Walikota Bogor, Rebo (3/6). Dua urang anu narima KTP munggaran ieu nyaèta Rangga   jeung  Sofrin. Mangsa ditanya ku Bima, Rangga ngajawab yèn  dirina bakal diajar kalayan daria sarta hayang ngabagyakeun indung bapana. Ngadèngè jawaban kitu Bima ngarasa reueus  jeung bagya, kusabab niat èta kacida alusna. Satuluyna Rangga dipakèan totopong ku Walikota Bogor. Dina kasempetan èta, Bima ogè mere patanyaan ngeunaan tanggal 3 Juni anu ditetepkeun jadi poè jadi Bogor, sarta nawaran dahar dimana waè lamun bisa ngajawab kalayan bener. Tètèla anu bisa ngajawab ngan saukur Nabila Fathia Putri, murid kelas X.
“Kusabab bisa ngajawab, bisa dahar di mana waè saluyu jeung kahayangna bari dibaturan ku dua urang babaturanna jeung saurang guru,” sanggem Bima. ( Tria/ Lani /Ida Rosidah/Dadang HP )


Kabid Kependudukan Agus Suparman

Selasa, 02 Juni 2015

Tadi Peuting "Nyi Ambet Kasih" Sumping di Purasaba Pajajaran


Kaayaan Kota Bogor, dina raraga mièling Milangkala Bogor anu ka 533 saminggu ieu mah èstu ramè kacida, ti mimiti Bogor Expo di GOR Pajajaran, Helaran Budaya anu dilaksanakeun dina Saptu (30/5), sarta tadi peuting, pawèy obor, Sènèn (1/6) dibarengan ku pagelaran wayang golèk di buruan Balèkota Bogor. Pawèy obor anu dimimitian di Balèkota Bogor, dijurungkeun ku Wakil Walikota Bogor, Usmar Hariman dibarengan ku Kadisbudparekraf Kota Bogor, Shahlan Rasyidi. Sakurangna lima ratus urang milu dina kagiatan anu dilaksanakeun ku Lembaga Kabudayaan Sentradaksa Bogor. Numutkeun pupuhu Panitia Pawèy Obor, Arman “Jaka Sunda” Yusuf aya sababaraha komunitas anu milu kagiatan ieu, diantarana Kokolot Bogor, Jaka Sunda, Kidang Pasoendan, Paguron Silat Cimande, sarta nu lianna. Pikeun pawèy Obor ieu, ceuk Arman panitia nyadiakeun 1000 obor. Kagiatan pawèy dina raraga mièling milangkala Bogor ieu geus dilumangsungkeun pikeun ka tilu kalina, sarta beuki dieu, pamilonna beuki loba Rombongan pawèy ngaliwatan  Jalan Juanda, Otto Iskandar Dinata, pikeun mapagkeun “Nyi Ambet Kasih” prameswarina Sri Baduga Maharaja anu bakal diistrènan pikeun kadua kalina jadi Raja Sunda jeung para dayangna di Tugu Kujang.
“Ieu minangka revitalisasi pindahna Purasaba ti Kawali Ciamis ka Bogor anu ngaleut ngabandaleut ti Ciamis ka Bogor,”sanggemna.  Samèmèhna di tempat èta aya babagi iket ku pantia anu dimimitian ku Pupuhu KIS Bogor, Asep Teddy, budayawan Bogor sarta Wakil Walikota Bogor Usmar Hariman, ka masarakat Bogor. Rombongan pawèy dibagèakeun  Walikota Bogor bari samèmèhna dipapagku rampak gendang,  Tari Merak, Silat sarta parebut sèèng. Sabada bèrès dibagèakeun masarakat Bogor disuguhan pintonan Wayang Golek, Dadan Sunandar Sunarya putrana maetro dalang Wayang Golek, Asep Sunandar Sunarya ti Giriharaja Bandung.  Salila mapay jalan, di deukeut jambatan Sempur, aya kajadian anu rada ahèng, Uut anu jadi Nyi Ambet Kasih, ngarasakeun beuheungna karasa beurat pisa, sarta ampir kasarumahan. Ngan untungna, aya sababaraha urang anu rada bisa dina urusan èta, bisa nyageurkeun. Numutkeun salah saurang kasepuhan Bogor anu ngaranna teu daèkeun disebutkeun, urusan jeung Karajaan Pajajaran mah, teu meunang sagawayah.
“Percaya teu percaya sok aya waè kajadian anu ahèng-ahèng,”pokna  daria. (Dadang HP)




Senin, 01 Juni 2015

Isro Mi'raj Nyunda di SDN CIpaku 4

Pikeun ngarojong  program Bogoh ka Bogorna Walikota sarta Bogoh ka Bogor anu ditaratas ku Kepala Dinas Pendidikan, Edgar Suratman, kagiatan Isro Mi’raj Nabi Miuhammad SAW  anu dilaksanakeun di SD Negeri Cipaku 4  Kacamatan Bogor Selatan, Senen (1/6)  ngahaja ngagunakeun basa Sunda. Numutkeun Kepala SD Negeri Cipaku 4, Mohamad Wahyu, pihakna ngahaja ngagunakeun basa Sunda, kusabab ampir sabagѐan gedѐ muridna teu barisaeun basa Sunda.
“Lamun teu dibiasakeun ti bubudak geus pasti kahareupna bakal leuwih hѐsѐ, sarta lamun lain ti ayeuna iraha deui,”pokna ka WBS. Program ieu salutyu jeung program Walikota Bogoh ka Bogor, sarta Ngabogorna Dines Pendidikan dina widang budaya. Lain ngan saukur bѐantara kepala sakolana wungkul, ti mimiti panata acara (MC), pangbagѐa  pupuhu panitia, Iyet, dalah nu masihan wejangan atawa tausiahna ogѐ ngahaja ngogan Mama  Arief Hidayat, ahli ngadongѐng dina basa Sunda anu geu teu bireuk deui.  Inyana negeskeun yѐn dina busaya Sunda lamun dititѐnan kalayan daria, loba pisan ajaran-ajaran anu bisa dilarapkeun dina kahirupan sapopoѐ. Kecap nѐmbalan kah pikeun awѐwѐ  sarta kulan pikeun lalaki, samggemna, salah sahiji pangwujudan tina ajaran agama Islam.
“Lamun dititѐnan kulan jeung kah, lѐntongna geus pasti lemes, sarta sora anu nѐmbalan geus pasti moal leuwih bedas tibaran nu ngageroan. Palebah dinya saluyu jeung ajaran Islam anu ngajarleun yѐn teu meunang dibedaskeun sora anjeun mangsa ngobrol jeung nu leuwih kolot, komo jeung indung bapa mah,”pokna daria. Sawatara dina kasempetan ѐta Ki Haji Arief ngajelaskeun perjalanan Isro Kangjeng  Rosul Nabi Muhammad dina Isro jeung Mi’raj.
“Ukur mantenna anu kapilih ku Allah SWT pikeun ngajalankeun kajadian ѐta, hasilna parѐntah shalat anu lima waktu,”saur Mama Arief. (Dadang HP)


Kepala SDN Cipaku 4, Moh. Wahyu