Rabu, 13 Mei 2015

Istilah Sajuta Angkot Pikeun Kota Bogor Dianggap Kurang Merenah



Dina raraga ngungkulan kamacètan di Bogor, BEM KM IPB gawè bareng jeung PRO 2 RRI Bogor ngalaksanakeun  RRI Goes to Campus sarta Puncak Festival Ide 2015.   Acara ieu lumangsung di   Auditorium CCR IPB Darmaga  Salasa peuitng (12/5) diluuhan ku Kepala Dinas Lalu Lintas Angkutan Jalan Kota Bogor Achsin Prasetyo, Kepala Dinas LLAJ Kabupaten Bogor, Soebiantoro. W. Rektor IPB Prof Herry Suhardiyanto  sarta  Dirut LPP RRI Rosarita Niken Widastuti. Dina kasempetan èta Achsin ngajelaskeun kaayaan transportasi di Kota Bogor. Menurutnya, di Kota Bogor diantaran ngeunaan sapeda motor anu jumlahna aya 290 ribu kalayan tingkat pertumbuhan  11% unggal  tahunna. Sedengkeun mobil geus nepi ka 57 rèbu atawa ngaronjat 13% unggal taunna.
“Sebutan Kota Bogor kota sajuta angkot teu sagemlengna bener, sabab angkot anu aya ngan saukur 3.412 siki anu ngalayanan 23 trayek. Ditambah  10 trayek angkot kabupaten  anu asu ka wewengkon kota,” ceuk Achsin. Kitu ogè angkot ti kabupatèn Bogor ogè jumlahna 4.526, sarta trayèkna dikaluarkeun ku Pamarèntah Provinsi Jawa Barat.  Jadi angkot anu pasuliwer di Kota Bogor kurang leuwih 8 rèbu, bari panjang jalanna ukur 620 km. Teu munasabah lamun tingkat kamacètan di Kota Bogor kacida rohakana. Program pikeun ngungkulan ieu atawa transportasi geus dilaksanakeun ku Walikota Diani sarta ku Bima Arya ayeuna. (Ismet/Rahmat/Dadang HP

Kamis, 07 Mei 2015

Taun 2050, 60 Milyar Jalam Bakal Tumetep di Pakotaan



Country Director ICLEI Indonesia Irvan Pulungan negeskeun yèn di taun  2050, masarakat anu cicing di pakotaan jumlahna diperkirakeun bakal nepi ka 6 miliar urang, hartina leuwih ti 60%  manusa anu lobana 9,6 miiar, bakal tumetep di kota-kota. Panyababna tingkat urbanisasi  nepi ka 1,84%  unggal taunna jeung  pertumbuhan ekonomi di wewengkon Asia Pasifik. Dina kaayaan samodèl kitu, geus pamarèntahan kota anu aya di nagara tacan maju bakal nyanghareupan rupa-rupa pasualan. Hal ieu diucapkeun Irvan dina  seminar Urban-Low Emission Development Strategy di Hotel Salak, dina  Salasa, (5/5). Pikeun ngajawabna  ICLEI ti mimiti taun 2012  geus ngaluarkeun program Urban-LEDS. Program ieu salah sahijina  mantuan pamarèntah kota dina ngainvestarisasi emisi GRK ogè nyusun strategi pangwangunan kota anu handap emisina. Sakurangna aya dua pasualan anu kudu disanghareupan, ngudag pertumbuhan pangwangunan, ogè kudu ngajaga kagiatan masarakat sangkan henteu tuluy tumuluy ngahasilkeun emisi gas rumah kaca (GRK) anu balukarna kana pamanasan global  jeung parobahan iklim.
Seminar anu dibuka ku Wakil Walikota Bogor ieu, nyawalakeun urusan ieu, salia tilu poè ti mimiti tanggal 5 nepi ka 8 Mei 2015. Para pamilonna aya ti 5 nagara nyaèta Afrika Selatan, Brazil, India, Indonesia jeung  Portugal. Sawatara èta Wakil Walikota Bogor, Usmar ngèbrèhkeun kabungna bisa kumpul babarengan pikeun berjoang babarengan nyikepan parabahan iklim global kujalan nyieun strategi pangwanguna kota anu emisina handap. Kota Bogor sorangan, ceuk Usmar geus ngalèngkah ka lebagh dinya, diantarana  melak tatangkalan babarengan jeung masarakat, ngurangan polusi udara, ngajaga lingkungan ku jalan nyieun liang biopori, sarta ngajaga kabersihan lingkungan. (Tria/Met/Dadang HP)



Para Pamilon Seminar Diajak Turun ka Lapangan



Kepala Bidang Pembinaan Pengelolaan Sampah Dinas Kebersihan jeung  Pertamanan Kota Bogor, Dian Herdiawan nètèlakeun yèn pangkokolaan runtah kujalan ngahangkeutkeun tempat pengolahan sampah terpadu (TPST) 3 R (reduce, reused jeung recycle) sarta bank runtah bisa jadi salah sahiji jalan pikeun ngungkulan runtah anu kahengker ku urusan lahan (taneuh) pikeun miceunna  asal dimimitian ku pamilahan heula di rumah tangga. Mangsa ayeuna ceuk Dina,  teu sakabèh kacamatan mibanda bank runtah, tapi lamun TPST 3Rna jalan, sakurangna bisa ngurangan nepi ka 13 persènna.
“Komo deui lamun 68 kalurahan di Kota Bogor geus mibanda bank runtah, nu diangkut ka TPA kuranna bakal loba pisan,”saurna. Hal èta ditegeskeun Dian mangsa narima tamu ti  International Networking Seminar anu para pamilonna ti 5 nagara nyaèta Afrika Selatan, Brazil, India, Indonesia, jeung Portugal.Para pamilon  seminar di Hotel Salak The Heritage lain ngan saukur ngadèngèkeun tiori tapi diajak datang langsung ka lapangan daintarana ka TPST 3 R di Kertamaya jeung Sanimas di Sindangsari. Numutkeun  Country Director ICLEI Indonesia, Irvan Pulungan, pihak ICLEI ngahaja ngaagendakeun kagiatan ieu pikeun nembongkeun yèn Pamarèntah Kota Bogor  mibanda lèngkah anu kawilang hade dina ngungkulan runtah. (ARW/Dadang HP)


Rabu, 06 Mei 2015

Panitia HJB ka 533 Sentradaksa Bakal Loba Kagiatan



Sakurangna aya 5 kagiatan anu bakal dilaksanakeun ku Panitia Hari Jadi Bogor (HJB) ka 533 Sentradaksa Bogor, nyaèta Ngarumat Cai, Babagi Iket, Pawey Obor,Ngumbah Kujang sarta Napak Tilas. Hal èta ditegeskeun pupuhu panitia anu ogè pupuhu Sentradaksa, Ki Tjetjep Thoriq mangsa mingpin  pasamoan ngeunaan  kagiatan anu bakal dilumangsungkeun di Sekretariat Sentradaksa, Jalan Kedung Halang No. 3 Kecamatan Bogor Utara, Kota Bogor. Pikeun ngarumat cai, bakal dilaksanakeun dina tanggal 23 Mei. Salian ti ngarumat atawa ngarawat sumber-sumber cai, ogè bakal ngala cai ti  7 sumber cai, pikeun digunakeun dina ngumbah kujang jeung babakti.
“Urang Sunda salilalana teu bisa leupas tina cai, sarta cai mangrupa sumber kahirupan. Ceuk carita karuhun baheula, sumber cai anu aya di Kota Bogor sakabèhna cikahuripan, “tegesbna. Sawatara ngumbah Tugu Kujang bakal dilaksanakeun dina bulan Mei ogè. Sedengkeun babagi iket bakal dua rintakan, kahiji mangsa hèlaran 30 Mei 2015 anu kaduana dina tanggal 2 Juni. Pikeun pawèy obor, bakal dilaksanakeun dina tanggal 1 Juni peuting anu saterusna diteruskeun ku pagelaran wayang golèk dibalai kota.
“Kusabab ieu mah hajat urang Bogor, nya taya salahna anu masarakat Bogor ilubiung dina acara pawèy obor, bari sakalain mawa obor sèwang-sèwangan,”pokna daria. Inyana miharep pisan pawèy obor anu mangrupa syiar ngeunaan milangkala Bogor, leuwih ramè ti taun samèmèhna.  Pikeun ngaramèkeunna, sanggem Tjetjep, pihak panitia bakal ngondang sakola-sakola jeung masarakat umum. Acara lianna anu  bakal dilaksanakeun napak tilas nu “routena” ti Batutulis, ka Rancamaya jeung Ranggagading. Acara babakti bakal dilaksanakeun dina tanggal 2 Juni, maleman 3 Juni.
 “Ieu mah mangrupa pangwujudan rasa syukur urang, yèn umurna Bogor geus nepi ka 533 taun,”tegesna. (Dadang HP)




Selasa, 05 Mei 2015

Isuk-isuk Usmar Geus Ngadeugdeug PKL Jalan Otista



Salasa isuk, kira-kira tabuh 06.00 Wakil Walikota Bogor, Usmar Hariman geus aya di Jalan Jalan Oto Iskandardinata, dibarengan ku Pingpinan PD. Pasar Pakuan Jaya,  Kepala DKP, Kepala Wasbangkim, Kepala DLLAJ, sarta Aparat Kecamatan Bogor Tengah, pikeun ngariksakeun kagiatan PKL anu keur daragang di wewengkon Pasar Bogor. Numutkeun inyana, pangna datang rebun-rebun kènèh pisan pikeun nitènan kayaan di pasar èta.
“Kagiatan sim kuring geus mindeng dilaksanakeun lain ngadadak, sabab geus dilakonan sataun samèmèhna,” tèmbalna basa ditanya ku wartawa. Inyana ogè negeskeun yèn panataan PKL, teu sagemlengna  ngatur tempat padagang. Nu pangpentingna mere tempat ka masarakat hususna pikeun nu ngagunakeun jalan. Di sagigireun èta, sanggemna, sangkan para padagang ngaronjatkeun disiplin pikeun ngajaga kabersihan tempat jujualanna.  Panataan PKL ogè kudu ngawengku panyadiaan tempat parkir pikeun kandaraan, boh pikeun motor atawa mobil, ulah ngabalukarkeun kamacètan. Sawatara èta  Direktur PD Pasar Pakuan Jaya, Andri Latif, nyebutkeun jumlah para PKL anu aya di Jalan Otista aya kana 1000 urangna. Pikeun èta, PD. Pasar Pakuan Jay geus nyadiakeun tempat di tingkat 3 jeung opat pikeun maranèhanna dagang (Lani/Yana/Dadang HP)