Selasa, 26 Mei 2015

Istura Ayeuna Ukur Kukurilingan di saluareun Wangunan



Dina raraga mièling milangkala Bogor ka 533, Pemkot Bogor hususna Dines Kabudayaan, Pariwisata jeung Ekonomi Kreatif (Disbudparekraf)Kota Bogor deui ngayakeun  Istana Untuk Rakyat (Istura). Pangleupasan rombongan munggaran nu ka Istana Bogor ieu, dilaksanakeun ku Walikota Bogor, Bima Arya di buruan Gedong Kamunung Gading Kota Bogor. Kadisbudparekraf  Kota Bogor, Shahlan Rasyidi, nètèlakeun yèn Istura geus jadi agenda taunan milangkala Bogor anu didago-dago lain waè ku masarakat Bogor, tapi di saluareunana.
 “Istura anu ditaratas ti mimiti taun 2002  geus jadi ciri mandiri milangkala Bogor,”samgge, Shahlan. Numutkeun Shahlan, jumlah pamilon nu daratang ka Istana Bogor beuki deui beuki ngaronjat. Dina taun 2015 ayeuna, ti mimiti dibuka pangdataran, geus aya 5.420 urang  anu dalaftar. Hanjakalna, dina taun ieu mah, nu arasup ka Istana Bogor tèh teu bisa lalugina asup ka jero istana teu kawas taun-taun samèmèhna, kusabab Istana Bogor remen dijadikeun tempat ngantor ku  Presiden Jokowi.  Sawatara èta, Walikota Bogor, Bima Arya negeskeun  yèn dirina geus kapanggij jeung Presiden Jokowi, ngaenyakeun lamun kagiatan Istura rada bèda jeung taun kamari. Kagiatan Istura sorangan bakal lumangsung salila 5 poè, nyaèta ti mimiti tanggal 25 nepi ka tanggal 28, sarta pamungkasna tanggal 1 Juni 2015. Pikeun pangdaftaran disadiakeun tempat di hareupeun kantor BPPT-PM tukangeun Gedong DPRD Kota Bogor, di Jalan Kapten Muslihat. (Met/Gus/Dadang HP)


Walikota Bogor, Bima Arya

Kadisbudarekraf, Shahlan Rasyidi

Senin, 25 Mei 2015

Kalurahan Menteng Heuyeub ku Kagiatan Milangkala Bogor ka 533



Pikeun mièling milangkala Bogor anu ka 533, Panitia Hari Jadi Bogor (HJB) Kalurahan Menteng Kacamatan Bogor Barat, ngalumangsungkeun sabaraha kagiatan diantarana lomba karaoke, pildacil jeung nasyid di buruan kantor kalurahan satempat. Tètèla kagiatan ieu loba pisan anu miluan jeung nongton, sanajan dilaksanakeun di dua tempat anu bèda.Numutkeun pupuhu panitia HJB ka 533 Kalurahan Menteng, Zen, kagiatan mièling milangkala dina taun ieu, leuwih loba tibatan taun samèmèhna. Pikeun lomba ngawarnaan dilaksanakeun di Pendopo RW 19 dina Ahad mangkukna.
“Sakabèh kagitan mièling milangkala ieu diaranan Saba Menteng,”ceuk Zen. Sawatara èta, Lurah Menteng, Heru Sudewo, kacida ngarojongna kana lèngkah pihak panitia anu geus ngalaksanakeun kagiatan di wewengkonna.
Inyana miharep ku ayana kagiatan-kagiatan mièling milangkala Bogor anu ka 533 èta, warga Mèntèng bisa siling pikawanoh jeung ngaraketkeun tali silaturahim diantarana sasama warga.  Kagiatan lianna anu bakal dilaksanakeun nyaèta Jalan Sehat dina tanggal 31 Mei 2015, anu ruteuna mapay-mapay jalan di unggal RW anu aya di Kalurahan Menteng. Inyana miharep pisan sakumna warga Kalurahan Menteng bisa ilubiung dina kagiatan èta. Pikeun ngabeberah  hate para pamilon gerak jalan, bakal aya Grup Keroncong pingpinan Suyitno. (Tria/Lani/Dadang HP)

Rebuan Manuk Milu Ngareureuah Milangkala Bogor ka 533



Sakurangna 1500 nu mikaresep manuk, milu pasanggiri Burung Berkicau Walikota Cup anu  dilaksanakeun dina raraga mièling Milangkal Bogor ka -533 di lapangan Institut Pertanian Bogor (IPB) Baranang Siang Jl. Pajajaran,  Ahad (24/5). Kagiatan anu hadiah utamana sapeda motor Honda Revo  jeung duit anu lobana mangpuluh-puluh juta ieu, diluuhan ku Walikota Bogor, Bima Arya anu dibarengan ku ketua Panitia HJB ke-533 Toto M Ulum sarta pingpinan  OPD di lingkungan Pemkot Bogor Numutkeun Bima, kagiatan èta mangrupa anu munggaran, sarta miharep pisan bisa dilumangsungkeun unggal taun. Sawatara èta, pupuhu panitia,
Andi Iswara Natanegara
nètèlakeun yèn di sababaraha tempat kagiatan anu samodèl kitu geus lumangsung lila, tapi anu  siga Walikota Cup mah geus ampir 12 taun teu pernah dilaksanakeun.
“Jadi ieu anu munggaran, tur para pamilonna datang ti Seajabodetabek,” sanggem Andi. snya,” lanjutnya. Dina pasanggiri èta, aya 25
kelas
, sarta pangdaftaranna ogè ku cara on line. Pasanggiri bakal lumangsung salila sapoè, ti isuk nepi ka Magrib. (Tria/Lani/Dadang HP)

Aya Lomba Jomblo dina Milangkala Bogor




Rupa-rupa cara dina raraga ngareuah-reuah mièling milangkala Bogor anu ka 533 taun 2015,  diantarana anu dilaksanakeun ku Raibon ART  anu ngalumangsungkeun Jomblo Festival di rohangan Rapat 1 Balèkota Bogor,  Saptu (23/5).  Numutkeun Ketua panitiana, Tresna Nugraha kagiatan ieu pikeun ngangkat budaya Jawa Barat jeung ngawanohkeun pariwisata Kota Bogor  ku judul anu bakal narik ati para rumaja. "Festival ieu dipiluan ku 300 urang anu asalna ti Kota  jeung Kabupaten Bogor ogè ti saluareun Bogor,"tegesna.
Jomblo Festival  ieu dieusian ku stand up comedy, kagiatan mopohokeun urut kabogoh, tari tradisional, malem puisi Bogor,  sosial, teater, UKM seni jeung budaya Universitas Pakuan sarta Bogor vidgram/ beat box. Sawatara èta Kepala Dinas Kebudayaan, Pariwisata  jeung Ekonomi Kreatif (Disbudparekraf) Kota Bogor Shahlan Rasyidi miharep festival anu munggaran ieu bisa mawa angin seger utamana pikeun para jomblo sangkan henteu jomblo deui.
"Mugia wè bosa jadi inspirasi pikeun para pamilonna,”tegesna. Sedengkeun ngeunaan aspek wisata, ceuk Shahlan, memang Kota Bogor jadi tujuan wisata kadua di Jawa Barat pikeun masarakat Indonesia. Sektor ieu jadi panyumbang PAD kadua  panggedèna pikeun Kota Bogor. Sarta ti  saprak Bogoh Ka Bogor jadi tema HJB ka 533, geus waktuna masarakat nyaah ka kotana. (Met/Gus/dkw/dadang hp)

Mapag Milangkala Bogor ka 533, Bogor Utara Ngalumangsungkeun Gerak Jalan



Mangratus-ratus warga Kacamatan Bogor Utara, ilubiung dina gerak jalan santai mapagkeun Hari Jadi Bogor ( HJB ) anu ka 533. Rombongan gerak jalan ieu, “dileupas” ku Wakil Walikota Bogor Usmar Hariman dibarengan Pupuhu Panitia HJB ke 533 Toto M. Ulum jeung  Camat Bogor Utara Asep Kartiwa, Ahad (24/5).  Kagiatan gerak jalan ieu dimimitian di buruan Masjid Ar Rahman kalayan rutena ngaliwatan SMA Negeri 7, Villa Citra, Jalan Arzimar sarta dipungkas di lapangan Kresna Raya Komplek paimahan Indraprasta anu jauhna kurang leuwih 3 KM. Dina kasempetan èta Usmar nètèlakeun yèn kagiatan mièling milangkala Bogor di tingkat kacamatan geus dimimitian sababaraha poè kaliwat, diantarana aya pagelaran wayang Golek di Kacamatan Tanah Sareal jeung Bogor Utara. Inyana  umajak ka para pamilon sangkan ngarojong program Bogoh ka Bogor kujalan ngajaga kabersihan lingkungan  jeung katartiban lingkungan, sangkan kahareupna  Kota Bogor bisa leuwih tartib, aman jeung asri. Sawatara èta, Camat Bogor Utara, Asep Kartiwa negeskeun dina raraga mièling milangkala Bogor anu ka 533, pihak panitia kacamatan geus ngalaksanakeun sababaraha acara, gawè bareng jeung Karang Taruna sarta KNPI.
"Kagiatan anu geus  dilaksanakeun diantarana bakti sosial, pagelaran wayang golek jeung jalan santai anu pamilonna kawilang loba. Sakumna kagiatan ieu bisa dilaksanakeun kusabab kamalirèan warga jeung program anu ditepikeun ka masarakat bisa kaharti,”tegesna. (Gus /Dkw/ Dadang HP)

Wakil Walikota Bogor, Usmar Hariman