Sabtu, 12 September 2015

Nuhun, Ayeuna mah Tos Diaspal



Ngarasa prihatin jalan di Kampung Gardu Tugu RT 01 RW 01 Kalurahan Margajaya, Kacamatan Bogor Barat, remen rusak sarta ngabahayakeun ka nu ngagunakeunna  hususna barudak anu keur diajar leumpang, HM. Yusuf salah saurang warga satempat ahirna ngaaspal jalan ieu, Saptu (12/9). Waragad pikeun ngaspalna kaluar tina pèsak sorangan. Mangsa ditanya sabaraha waragad pikeun ngaspal jalan anu legana kurang leuwih 300 meter ieu, inyana teu daèkeun wakca balaka.
“Keun wè lah urusan èta mah ukur kuring jeung Gusti Allah nu terang, bisi ngaruksak ibadah kuring, bisa jadi matak riya,”pokna daria. Niat Haji Yusuf anu nyumbangkeun rejekina pikeun ngaspal jalan tangtuna ngabagyakeun balarèa hususna warga satempat. Numutkeun Ketua RT 01 RW 01, Dadang Haerdarsono, pihakna langsung nyieun surat beware ka wargana sangkan nyimpen mobil atawa motorna di buruan  SD Insan Kamil ti mimiti poè Jumaah sore atawa Saptu isuk-isuk.
“Ambèh lamun rèk aya perlu kaluar ngagunakeun kandaraan henteu ngaganggu nu keur ngaspal,”saurna. Dadang ogè meredih dina surat beware èta, sangkan wargana rèrèongan nyadiakeun konsumsi  pikeun pagawè anu lobana 10 urang.
“Alhamdulillah, Bu Emed jeung pun bojo isuk-isuk  geus balanja ka Pasar Laladon meuli asakeun,” pokna deui. Ditambahkeun ku inyana, nu nyarumbang pikeun konsumsi kawilang rèa, salian ti warga satempat, aya ogè ti SD Insan Kamil anu  sakolana aya di lingkungan satempat. (dhp)



Jumat, 11 September 2015

Buku Tritangtu jeung Surat Cinta dari Langit Ketujuh R. Imam Mudrika Sanusi



Saentas “ngageunjleungkeun” Bandung ku konser  “Ngadongdang” anu eusina  kumpulan kawih Sunda ciptaanna bareng jeung Doel Sumbang, Ria Fitria KDI, Nining Meida jeung nu lianna sawatara bulan kaliwat, R. Imam Mudrika Sanusi, seniman sarwa bisa Kota Bogor,  kiwari  mapaèsan  kota Paris van Jaya ku  ngabèwarakeun buku  Tritangtu jeung Surat Cinta Langit dari Langit Ketujuh di Braga Permai Bandung anyar-anyar ieu.  Numutkeun Imam, eusi buku Tritangtu minangkan panitènan dirina salila ieu ngeunaan ajèn inajèn atikan moral anu luhung anu digali tina agama pikeun nyinglarkeun   anu teu saluyu jeung kahirupan manusia saujratna.
“Sim kuring ngarèkam  kayaan  sosial, budaya jeung ekonomi jaman Pajajaran  anu ngagem ajaran Tritangtu dina pamarèntahan nyaèta Ratu, Rama jeung Resi anu mibanda pancèn sèwang-sèwangan, silih rojong henteu pacorok kokod,” sanggemna. Sang Rama, saur Imam, anu pancènna salaku panasèhata atawa pinisepuh karajaan, ancrub langsung di masarakat, nitènan kaayaan  di lapangan. Mantenna heunteu nempatkeun dirina jadi pamarèntah, tapi jadi bapa anu dipibapa nu saèstuna, nyaah sarta deukeut jeung masarakat. lir bapa ka budak. Bèda jeung jaman kiwari, rahayat tèh siga budak anu ditinggalkeun ku bapana.
“Nagara geus sakuduna jadi papayung tur mayungan rahayatna. Tapi jaman kiwari para pangawasa teu bisa dipibapa, balukarna jadi pakujut,”tegesna. Panyababna, sistim katatanagaran nu ngalantarankeun sabagèan gegedèn atawa pangawasa geus apilain, poho kana pancèn anu kudu dilakonan sapopoèna ditambahan ku poho kana tanggungjawabna. Antukna taya anu bisa diandelkeun, komo jadi panyalindungan atawa papayung mah.
“Mangsa Karajaan Pajajaran, Sang Rama ti kulawargi Sang Prabu jadi papayung sarta panyalidungan rahayatna. Sifat karesian anu dina dirina geus ngabaju, lain alatan idiologi jeung hal-hal sèjènna. Kukituna bisa ngawangun ahlakul karimah, rasa tanggungjawab anu aya èstu pikeun kapentingan balarèa,”saurna.  Imam anu resep pisan tulas-tulis tur kinaryana boh anu mangrupa carita atawa sajak geus dimedalkeun dina sababaraha judul. Sawatara karyana nu mangrupa eusi Tritangtu atawa  sajak boh dina Basa Sunda atawa Indonesia, dimedalkeun dina akun Facebook Pilar Pakujajar Pakuan Pajajaran
Kagiatan “ngabèwarakeun’”buku ieu, diluuhan ku Hj. Popong Otje Jungjunan, Rya Fitria KDI, sata seniman jeung budayawan Bandung sèjènna. (Dadang HP, tina sababaraha sumber)

Seniman jeung Budayawan Mènta Sangkan Bogor Hujan



Ngarasa hariwang kana kaayaan Bogor anu  geus lila teu hujan, sajumlah seniman jeung budayawan Bogor anu dipingpin ku Abah Jefri Ricardo, ngalaksanakeun du’a babarengan di Saung Sanajan, Lapangan Sempur, Kacamatan Bogor Tengah, Kota Bogor, Kemis (10/9).  Acara ieu, sanggem Abah Jefri, èstuning dadakan pisan. Nu daratangna kawilang lumayan, aya kana dua puluh urangna, bari papakèanna sarwa hideung.
“Mangsa keur tahlilan di bumina Kang Rifai, mièling 7 dinten ibuna, kuring ngobrol jeung sababaraha urang anu hadir. Kasimpulanna urang silaturahim sarta ngadu’a babarengan, nyuhunkeun ka Gusti Allah sangkan dipaparin hujan,”pokna daria. Dijèntrèkeun ku inyana, yèn ngondangna ogè cukup ku SMS, sarta waragad pikeun ngalaksanakeunna meunang rèrèongan. Inyana ogè nganuhunkeun ka H. Imam Mudrika Sanusi, Haji Shahlan Rasyidi, istri almarhumah Abah Kanceng anu geus ngabantuan kana suksèsna acara èta. Kagiatan ngadu’a bareng ieu dipingpin langsung ku Ustad Jamil Mustopa anu kawèntarna mah Mubaligh Cabè Rawit.
“Mènta hujan ka Gusti Allah bisa ku rupa-rupa cara. Urusan dikabul henteuna mah  urang pasrahkeun ka Gusti Allah anu Maha Uninga, nu penting mah urang bisa silaturahmi bari ngadu’a,”pokna basa ditanya kunaon teu ngalaksanakeun shalat Istisqo sakumaha anu geus dilaksanakeun ku MUI jeung umat Islam di Kota Bogor, sababaraha waktu kaliwat. (dhp)



Senin, 07 September 2015

Mangsa Rambutan keur Karembangan



Mangsa rambutan kembangan
panineungan narèmbongan
Ngadadago anjeun jungjunan
jangji rèk datang tapi teu nedunan

Dina   rambutan nu harita keur muguran
Urang kungsi ngaguratkeun pasini
Bakal silih paheutkeun diri
Ngahijikeun hèman urang duaan

Geus dua kali muguran
dua kali kembangan
anjeun angger teu nembongan
kahariwang jeung kamelang
ngeusian rohangan dada
nyesek nyaliara

Kungsi sono ieu dititipkeun dina indung peuting
Dipihapèkeun na  hiliwir angin
Diharèwoskeun ka sangkala mangsa
angger taya bèja

Kiwari mangsa rambutan keur karembangan
sawarèhna murag ngalayah
ukur  simpè nu maturan
Na dimana anjeun panutan?

Kuring bati ngaheruk hate ceurik balilihan
Nu didagoan teu daèk  datang


Kacida teuing jungjunan

Rombongan Kwarcab Kota Serang dibageakeun ku Jentrengan Kacapi



Ketua Kwarcab Gerakan Pramuka Kota Bogor, Ade Sarip Hidayat, negeskeun yèn kagiatan kapramukaan geus sakuduna asup kana widang pamarèntahan, sabab anu dipigawè dina organisasi kapanduan ieu, bakal nguatan mental para pagawè  sangkan ngajauhan korupsi. Sabab, saur Adè, Pramuka dididik sangkan pamikiran, ucap jeung laku lampah saluyu kudu bersih.
“Pramuka mah ngadidik anggotana sangkan suci pamikiran, suci ucapan jeung suci laku lampahna,” saurna. Hal èta ditegeskeun Ade mangsa narima rombongan ti Kwarcab Kota Serang Provinsi Banten di Sekretariat Kwarcab Pramuka Kota Bogor, Jalan Papandayan Kacamatan Bogor Tengah Kota Bogor, sababaraha waktu kaliwat. Sawatara ngeunaan kaayaan Kwarcab Kota Bogor, Adè nyaritakeun yèn ku gawè bareng, silih rojong jeung pangurus ti mimiti Kwarcab jeung Kwarran, Kota Bogor meunang panghargaan tempat ka tilu panggiatna sa-Jawa Barat, anu samemèhna nempatan ka 20 tina 24 Kwarcab Kota jeung Kabupaten anu aya.
“Ieu bukti nyata, ku kadariaan jeung gawè rancagè babarengan mah, sagalana bisa diungkulan,”tegesna. Salah sahijina dina sual palatih, taun 2010 ngan aya 7 urang, dina taun 2015 ayeuna geus aya 900 urang, tur di unggal Kwarran anu aya keur ngalaksankeun Kursus Mahir Dasar (KMD). Salian ti anu disebutkeun di luhur, rojongan jeung kawijakan Pamarèntah Daerah ogè kawilang nangtukeun kana kalumangsungan kagiatan.
“Pikeun kagiatan Pramuka, Pemkot Bogor nyadiakeun waragad samilyar tina APBD-na, kukituna henteu hèsè ngalèngkah dina ngalaksanakeun kagiatan,”sanggemna.  Kiwari, Kwarcab Kota Bogor keur ngadorong Pemkot Bogor sangkan netepkeun Perda Pramuka sakumaha anu geus dilarapkeun di Kabupaten Cianjur, teu cukup ukur ngandelkeun Undang-undang Kapramukaan wungkul.
Sawatara èta Ketua Kwarcab Gerakan Pramuka Kota Serang, Tubagus Urip negeskeun yèn henteu salah lamun diajar ka Kota Bogor, sabab anu dilaksanakeun ku organisaasi anu dipingpin ku Ade Sarip ieu, kawilang nyongcolang.
“Pramuka Kota Serang mah umurna kakara 9 bulan, sabab Pemdna sorangan kakara misahkeun diri ti Kabupaten Serang kakara sataun. Kukituna masih kènèh kudu loba diajar salah sahijina ka Kota Bogor,”sanggemna. Rombongan ti Kota Serang ieu, dibagèakeun ku jentrèng kacapi anu ngawihkeun Bogor Lumigar Mekar, ku Sang Prameswari Tunggal Dewi anggota panggalang Gugus Depan SMPN 20 Kota Bogor, kawih Karatagan Pahwalan ku Siti Nurjanah, sarta Bayu Anugrah ti SMP Bina Greha anu macakeun Uga Pajajaran anu dipirig ku jentringna kacapi, Sang. (dhP)