Sabtu, 04 Juli 2015

Dahlan, Bima Buka Puasa jeung Barudak Yatim di Vihara Dhanagun



Badan Sosial Lintas Agama (Basolia) Kota Bogor, Vihara Dhanagun, Persaudaraan Liong Barong Bogor  sarta  Persatuan Gerak Badan Bangau Putih  ngalumangsungkeun buka puasa babarengan di di Vihara Dhanagun, Jl.Suryakencana, Bogor, Saptu (4/7).
Numutkeun Walikota Bogor, Bima Arya ngariungna di tempat èta, sakurangna aya dua hal, nyaèta dina raraga silaturahim jeung babagi.
“Wakca kuring ngarasa bagya ku kasumpingan bapa Dahlan Iskan, anu gedè pisan jasana ka republik ieu,”ceuk Bima basa biantara sabot ngantosan kasumpingan Dahlan Iskan. Bima ogè umajak ka nu haladir, pikeun ngadu’akeun Dahlan Iskan sangkan dipaparin kasèhatan lahir batin sarta tuluy-tuluy nyumbangkeun pamikiran sarta nu lianna pikeun nagara. Sawatara pangurus Vihara Dhanagun, Guntur negeskeun kacida nganuhunkeunna kana ayana kagiatan èta.
“Buka bareng jeung barudak yatim ieu, pikeun kadua kalina dilaksanakeun. Sakumaha warga Kota Bogor sèjènna tangtu hoyong pisan babagi kabagyaan jeung barudak yatim,”tegesna. Sedengkeun Dahlan Iskan anu tadina teu daèkeun nyarita, ahiran babagi pangalamanna saentas disedek ku pihak panitia. Sanggem Dahlan, inyana geus tilu kali ngalaman puasa di Tiongkok kusabab keur uubar. Ngalaksanakeun shaum di Tiongkok, lilana 17 jam, sabab panon poè bijil jam 3, surup jam 9 peuting. Ngadeukeutan waktu buka puasa, KH. Zaenal Abidin anu ogè pupuhu Basolia mere tausiah ka nu araya di dinya.  Kagiatan buka bareng ieu, diteruskeun ku ngabagikeun santunan ka 50 urang barudak yatim. (rahmat/ ARW/Dadang HP)

Pasar Murah Bakal Disadiakeun di BKPP. 8-9 Juli 2015



 
M. Sinaga
Sakurangna 70 stand bakal disadiakeun pikeun para palaku usaha sa-Kota Bogor dina Pasar Murah anu bakal dilumangsungkeun ku Dinas Perindustrian  jeung  Perdagangan Kota Bogor di buruan Badan Koordinasi Pemerintahan jeung Pembangunan (BKPP) Wilayah I Jawa Varat Jalan Juanda Kota Bogor dina , tanggal 8-9 Juli 2015 nu bakal datang. Pasualan ieu dicaritakeun ku Kepala Bidang Perdagangan, Disperindag Kota Bogor, Mangahit Sinaga di kantorna, sababaraha waktu kaliwat.
“Anu bakal didagangkeun ti mimiti kadaharan, inuman, pakèan hasil IKM, industri rumahan  jeung pangusaha sèjènna. Kusabab ieu  pasar murah saha ogè bisa dafta,”ceuk M. Sinaga.  Inyana miharep ku ayana Pasar Murah ieu, masarakat bisa nedunan kabutuhan pikeun Lebaran, sarta mantuan IKM pikeun ngajual  hasil karyana. (Tria/Lani/ Ridwan/Dadang HP)

PT. Taspen Nyadiakeun Paket Sembako Murah



PT. Taspen Cabang Bogor nyadiakeun 520  paket sembako murah  pikeun PNS, hususna nu aya di sabudeureun Balèkota Bogor. Pakèt ieu, disadiakeun dina bazaar murah anu dibuka ku Asisten Administrasi Umum, Arif Mustofa Budiyanto  di buruan Balèkota Bogor, jalan Juanda No. 10 Jumaah (3/7). Kepala PT. Taspen Cab. Bogor, Tuti Nurbaitu negeskeun  yèn pasar murah ieu, minangka hiji katineung  ka para PNS.
“Ieu buktos kanyaah kami, kusabab salah sahiji tgas PT. Taspen nyaèta panyalanggara jaminan kasajahtraan para PNS.”ceuk Tuti.  Kagiatan ieu, ceuk Tuti, dilaksanakeun unggal taun sarta bareng di sakuliah Indonesia.
“Di kantro puseur dina waktu anu sarua, aya pangbagaian 5000 sembako gratis ka masarakat,”tegesna. Dina kasempetan èta, Walikota Bogor milu nyaksian  para PNS anu keur antri mareuli pakèt sembako. (Tria/Gus/Lani/Dadang HP)


Kamis, 02 Juli 2015

Dubes Australia Nawarkeun Gawe Bareng jeung Pemkot Bogor



Dubes Australia Paul Grigson  jeung Walikota Bogor, nyawalakeun sababaraha pasualan hususna kamungkinan gawè bareng antara kota-kota di nagaran jeung Kota Bogor, di balèkota Bogor, Kemis (2/7).  Dina kasempetan èta, Walikota Bogor nètèlakeun program utama Kota Bogor sarta naon waè anu bisa digawèbarengkeun diantarana pertukaran pelajar, beasiswa sarta  pendidikan non-gelar.
“Pak Dubes tadi nawarkeun sababaraha kota diantarana Adelaide, Toowoomba jeung pikeun èta bakal ditèangan anu saluyu jeung Kota Bogor kayaning universitas, taman kota sarta nu lianna,” ceuk Bima. Ditambahkeun ku inyana, aalian ti widang pertanian, pameuncitan sato, pangkolaan runtah juga jadi pasualan anu disawalakeun (Lulu/Refi, Agus/ismet/Ridwan/Dadang HP)


Tujuh Puluh Lima Lansia Miskin Meunang Paket Sembako




Tujuh puluh lima urang lanjut usia (Lansia) miskin sa-Kota Bogor  binaan Dinas Tenaga Kerja Sosial jeung  Transmigrasi (Disnakersostran) Kota Bogor, meunang paket sembako anu eusina bèas, tipung tarigu, gula, minyak gorèng jeung kabutuhan pokok lianna di aula Disnakersostran Kota Bogor, Kemis (2/7). Pakèt sembako ieu dipasrahkeun langsung ku Walikota Bogor, Bima Arya disaksikeun Ku Kadisnakersostran, Anas R. Rasmana, Camat Bogor Tengah, Rahmawati, Camat Bogor Timur, Sujatmiko sarta para pangaping program keluarga harapan (PKH) ti kalurahan. Numutkeun Bima Arya, dirina ngarasa bagya kana ayana pangbagian èta, tapi bakal leuwih ngagumbirakeun deui lamun dipasrahkeun langsung ka imahna sèwang-sèwangan. Kusabab salian ti bisa silaturahim dina babagina sarta bisa ngalongok pikeun nganyahokeun kaayaan anu sabenerna.
“Insya Allah taun payun mah Walikota bakal nyumpingan bapa sareng ibu sadayana. Sabab aya kirang pantes anu sepuh nyumpingan anu aranom,”ceuk Bima. Sawatara èta, Kepala Dinas Tenaga Kerja Sosial  jeung Transmigrasi Kota Bogor, Anas S Rasmana, negeskeun yèn kagiatan anu dilaksanakeun mangrupa salah sahiji program gawèna dina raraga ngurangan panyandang masalah kesehjahteraan sosial (PMKS) di Kota Bogor.
“Aya genep golongan PMKS salah sahijina anu parantos sarepuh kawas anu aya di dieu,”sanggeman. Ceuk Anag, Program babagi ieu geus dimimtian ti taun sarta  dina unggal taunna nu narimana terus nambahan. Taun ayeuna aya 75 urang  sarta taun hareup sakurangna jadi 100 urang. (Tria/Lani/Ridwan/Dadang HP)