Kaayaan
di imah kulawarga pasangan Nurlaila Effedi
jeung Sunarwidi di Gang Menteng
RT 03 RW 02 Kalurahan Kencana Kecamatan Tanah Sareal Kota Bogor, Rebo
(3/6/2015) ngadadak ramè ku tamu undangan, kaasup aparat Kalurahan sarta Kacamatan.
Di buruan imahna, nyampak tenda jeung korsi
pikeun ramu undangan. Tètèla di imah kulawarga èta keur ngareuah-reuah
milangkala anakna, Angga Fadillah anu umurna nincak 17 taun dina poè èta,
marengan jeung milangkala Bogor anu ka 533. Mangsa keur mièling milangkalna,
Angga ngarasa reuwas sabab meunang KTP munggaran anu dianteurkeun langsung ku
Camat Tanah Sareal, Taufik dibarengan Lurah Kencana, Syafei R.
“ Ieu kado anu kacida istimèwana pikeun diri
kuring mangsa nincak umur 17 taun, tangtuna moal bakal kapopohokeun saumur
hirup,”ceuk Angga. Murid SMA Negeri 7
jurusan IPA kelas 11 ini ngaku kacida bagyana nampa KTP ti Camat jeung Lurah Kencana.
Inyana ogè nètèlakeun teu kudu jauh-jauh ngurus
KTP ka Kantor Dinas Kependudukan
jeung Pencatatan Sipil. Sawatara èta
indungna Nurlaila, ngaku teu nyangka sacongo buuk ogè
bakal meunang hadiah istimèwa mangsa
anakna nincak umur 17 taun dina poè Rebo
èta. Sawatara èta Camat Tanah Sareal, Taufik negeskeun pamasrahan KTP langsung
KTP anu milangkalana sarua jeung milangkala Bogor aya 10 urang, sarta sakabèhna
dianteurkeun ka imahna sèwang-sèwangan. Inyana ogè negeskeun yèn KTP mangrupa
bagèan palayanan dasar sarta wajib dibikeun ku
Pamarèntah Kota Bogor. Sakurangna aya tilu palayanan dasar nyaèta widang
kependudukan diantarnya KTP, pendidikan
jeung kasèhatan. (ISO/Dadang HP)
Jumat, 05 Juni 2015
SDN Margajaya 1 Bakal Ngahangkeutkeun Panggunaan Aksara Sunda Ngalagena
Pikeun ngarojong program
Bogoh ka Bogorna Walikota jeung Ngabogorna Dines Pendidikan Kota Bogor, hususna
di budaya, SDN Margajaya 1 Kalurahan Margajaya Kacamatan Bogor Barat, bakal
ngahangkeutkeun panggunaan Aksara Sunda Ngalagena atawa Kaganga di sakolana.
Hal ieu dijelaskeun Kepala SDN Margajaya 1, Mochamad Hamzen mangsa ditepungan
di sakola, Jumaah (5/6). Numutkeun Hamzen pikeun anu munggaran Aksara Ngalagena
bakal digunakeun dina ngaran sakola, satuluyna bakal dilarapkeun di kelas.
Rencana bewara ngeunaan panggunaan Aksara Kaganga ieu bakal dilaksanakeun dina
tangga 15 Juni anu bakal datang. Hal ieu saluyu jeung program Rebo Nyunda anu
geus dilaksanakeun ku Pemkot Bogor sababaraha bulan kaliwat.
“Program Rebo Nyunda, numutkeun salah saurang panaratasna, eusina aya tilu kagiatan nyaèta Aksara, Basa jeung Pakèn. Pikeun pakèan ayeuna mah geus rada ragem, kari basa jeung aksarana,”sanggem Hamzen. Kitu ogè ngeunaan basa, kahareupnakeun dina unggal Rebo bakal dijieun basa panganteur dina unggal mata pangajaran.
“Program Rebo Nyunda, numutkeun salah saurang panaratasna, eusina aya tilu kagiatan nyaèta Aksara, Basa jeung Pakèn. Pikeun pakèan ayeuna mah geus rada ragem, kari basa jeung aksarana,”sanggem Hamzen. Kitu ogè ngeunaan basa, kahareupnakeun dina unggal Rebo bakal dijieun basa panganteur dina unggal mata pangajaran.
“Mudah-mudahan ku remen
diajarkeun mah, barudak tèh jadi bisa sarta biasa. Sabab lamun teu dilalanyahan
ayeuna rèk iraha deui,”tegesna. Inyana ogè nètèlakeun yèn guru basa Sunda di
sakolana kungsi diajarkeun kumaha carana
ngagunakeun Aksara Sunda anu diayakeun ku Taboid Aksara sababaraha waktu kalaiwat.
“Lebar pisan lamun kaahlian
ieu teu diajarkeun deui ka barudak. Alusna mah dina waktu anu bakal datang aya
pasanggiri nulis Aksara Sunda pikeun barudak, ambèh diajarna leuwih sumanget,”pokna
daria. (Dadang HP)
![]() |
Kepala SDN Margajaya Moch. Hamzen |
Payung, Kampret jeung Kabaya Mieling MIlangkala Bogor di SDN Julang
Pikeun ngareuah-reuah milangkala Bogor anu ka 533, sakurangan 600 urang murid SD Negeri Julang bari dipakèan kampret, totopong jeung kabaya, ngabring bari mawa payung Saptu (30/5) kaliwat. Barudak sakola ieu ngalaksanakeun pawèy anu jauhna kurang leuwih sakilo meter, ti mimiti Jalan Julang, Jalak sarta balik deui ka Jalan Julang. Kepala SD Negeri Julang, Indah negeskeun yèn kagiatan èta ngahaja diayakeun sangkan barudak nyahoeun yèn poè jadi Bogor tèh tanggal 3 Juni. Salian ti èta, barudak SDN Julang ti mimiti kelas 1 nepi ka kelas 6, disina mawa payung sarta nuliskeun HJB 533 dina payungna sèwang-sèwangan..
“Payung-payung ieu saterusna dipasang di
buruan sarta di sabudeureun sakola,”tegesna. Lain ngan semet ka dinya wungkul, Marching Band sakolana ogè minton dina acara
pangbukaan Bogor Expo di GOR
Pajajaran. Patali jeung milangkala
Bogor, inyana ogè umajak ka murid-muridna, sangkan Bogor ka Bogor ku cara
ngajaga kabersihan sarta teu miceun runtah sambarangan jeung kudu pinter.
(Tria/Lani/Dadang HP)
Mieling HJB Gaya Dinkes Kota Bogor
Mièling milangkala Bogor anu ka
533, Dinas Kesehatan Kota Bogor, ngalumangsungkeun sosialisasi Perilaku Hidup
Bersih jeung Sehat di Lapangan Sempur Kacamatan
Bogor Tengah ku jalan senam babarengan, panyuluhan jeung
pamariksaan status iizi, HIV
sarta konseling ngeureunan
ngaroko. Numutkeun Kepala Bidang PKM
Dinkes Kota Bogor, Dr. Ratna Junita anu dibarengan ku Kepala Seksi Promkes Nia
Kuniasih, kagiatan ieu dilaksanakeun kujalan gawè bareng jeung Puskesmas
Sempur, Fema IPB, Kelurahan sarta Instruktur Senam, Sabtu kaliwat. Nu miluan dina kagiatan ieu,
sakurangna aya 250 urang. Salian di Lapangan Sempur, Dines Kasehatan ogè umajak
ka LSM No Tobbaco, AMAR jeung komunitas sèjènna ngalaksanakeun kampanyeu aimpatik
ngajak masarakat sangkan ngajauhan bako. Kampanyeu mimiti dilaksanakeun di Tugu
Kujang sarta diteruskeun ka pawai ngaliwatan Jalan Otista saterusna ka Balèkota
Bogor di Jl. Ir. H. Juanda No. 10.
Salila nikreuh ti Tugu Kujang
anu pawèy mawa spanduk anu tulisanna Say No Tobbaco, Anti merokok baii umajak
ka masarakat sangkan eureun ngaroko. (Tria/Lani/Dadang
HP)
Kamis, 04 Juni 2015
Welasan Imah di Kalurahan Kencana Ruksak
Sakurangan hiji imah runtuh , sarta
welasan nu sèjènna ruksak beurat, mangsa aya angin puyuh narajang wewengkon
Kalurahan Kencana Kacamatan Tanah Sareal Kota Bogor, Rebo (3/6). Imah anu
karuntuhan tangkal ieu bogana Manta (50)
warga RT 03 RW 06 Kelurahan Kencana anu pernahna di sabudeureun kebon warga,
katinggang tangkal rambutan. Sanajan kitu, kajadian ieu teu nyababkeun ayana korban
jiwa, tapi korban ngarandapan karugian
nepi ka mangpuluh-puluh juta. Ceuk Manta
mangsa imahna katinggang tangkal, dirina jeung kulawarga keur nyingkur di imah
tatangga, sabab hujan gedè pisan, sawatara kaayaan imahna geus amoh.
“Kurang leuwih jam satengah tujuh
peuting teu sakara-kara angin kacida gedèna, tangkal rambutan anu aya di
hareupeun imah kuring runtuh sarta ninggang imah kuring,”sanggemna. Kajadian
ieu langsung dilaporkeun ka Lurah Kancana Syafei, anu saterusna Kasi Trantribna Iyan Sopyan ngabèjaan Tim Tagana
(Taruna Siaga Bencana) jeung Badan Penanggulangan Bencana Daerah (BPBD) Kota
Bogor. Teu kungsi lila kurang leuwih tabuh 21.00 WIB, Tagana jeung BPBD geus datang
ka lokasi kajadian. Numutkeun Lurah Syafei, dirina geus ,marèntahkeun ka RT jeung RW pikeun ngajakan wargana ngalaksanakeun
gotong royong ngabèrèskeun imah anu urug, Salian ti imah Manta, aya 13 imah
warga sèjènna anu ruksak di tilu RW nyaèta RW 06, RW 05 jeung RW 03 ngalaman karuksakan. Tim Tagana anu
datang ka tempat kajadian mere bantuan natura mangrupa kadaharan simbut jeung nu lianna.
Bantuan èta dipasrahkeun ku Ujiani Salah
sahiji Kasi di Tenaga Kerja, Sosial jeung Transmigrasi (Disnakersostrans) Kota Bogor.
(ISO/DADANG HP)
Langganan:
Postingan (Atom)








