Jumat, 03 April 2015

Kalurahan Kencana geus Ngagunakeun Sistem On Line



Kalurahan Kencana Kecamatan Tanah Sareal Kota Bogor,  ngalaksanakeun palaporan Surat Pemberitahuan (SPT) Tahunan Pajak Penghasilan (PPh) WP Orang Pribadi kalayan online. Sakabèh aparat kalurahan ti mimitiLurah, Kepala Seksi  jeung stafna geus ngalaporkeun  SPT tahunan pajak penghasilan WP orang pribadi kalayan online ngaliwatan aplikasi e-Filing anu diakses tina website https://djponline.pajak.go.id/
“ Ieu au munggaran aparat Kalurahan Kencana ngalaporkeun SPT tahunan PPh WP orang pribadi  kalayan  online, “  ceuj Kepala Seksi Ketentraman Ketertiban Kelurahan Kencana Iyan Sofyan,  Jum’at (3/4/2015). Samèmèhna, sanggem Iyan, sakabèh aparat  kalurahan  jeung Kacamatan Tanah Sareal kaasup Kalurahan Kencana geus dibèrè pangjelasan ku pihak Kantor Pajak di aula Kantor Kecamatan Tanah Sareal.
 “Hasil sosialisasi  dilaksanakeun jeung sakabèh aparat di Kelurahan Kencana langsung ngalaporkeun SPT tahunan pajak penghasilan WP orang pribadi kalayan online,” saurna. Mung saukur dikanyahokeun aplikasi e-Filing ngaliwatan   situs Direktorat Jenderal Pajak (DJP) nyaèta sistem pelaporan SPT anu ngagunakeun sarana sarana internet  teu kudu make pihak sèjèn sarta teu make waragad pisan. Sisrim ieu, kacida gampangna pikeun wajib pajeg  dina nyieun  sarta pamasrahan laporan SPT.  Sawatara èta , Lurah Kencana Syafei R nètèlakeun yèn pamangpaatan parabot teknologi anu dilaksanakeun ku aparat kalurahan anu dipinggpinna sajalan jeung program Walikota Bogor nuju kota pinter atau Smart City.
  “Urang embung disebut gaptek (gagap teknologi), kusabab kitu ka sakum aparat kalurahan Kencana  sangkan  melek teknologi,” saurna. Kitu ogè dina panilèyan SKP (Sasaran Kerja Pegawai) minangka  gaganti DP-3 (Penilaian Pelaksanaan Pekerjaan) sakabèh staf di Kalurahan Kencana geus ngalaksanakeun ku sistim online yang diakses  kujalan SIMPEG Kota Bogor saluyu jeung  patunjuk ti Badan Kepegawaian Pendidikan  jeung  Pelatikan (BKPP) Kota Bogor.

Kamis, 02 April 2015

Muspida Kota Bogor, Siap Merangan Begal



Ceuyahna garong atawa bègal motor anu ngahariwangkeun urang Bogor,  disikepan ku Muspida Kota Bogor, diantarana ku jalan ngalumangsungkeun   rapat koordinasi di  Mabes Polres Kota Bogor, Rabu (1/4). Rakor ieu dipiluan ku Walikota Bogor  Bima Arya, Kapolres Bogor  Kota AKPB Irsan, Dandim Letkol Rahkmat Santoso  jeung  anggota muspida sèjènna Pol PP, Camat  jeung   Lurah sa-Kota Bogor. Pikeun ngungkulan pasualan èta, rèngrèngan Muspida jeung aparat wilayah    bakal ngalaksanakeun pangamanan wewengkon kalayan jadwal anu tetep. Diantarana  di tempat-tempat anu remen dijadikeun kajahatan, ngariksa tempat-tempat anu nyurigakeun sarta umajak ka warga sangkan ngajaga kaamanan di lingkunganna sèwang-sèwangan. Ogè, bakal sacepetna datang mangsa aya kajadian anu teu diharepkeun. Bima ogè meredih ka Camat  jeung Lurah sangkan nitènan sarta babagi tugas pikeun mariksa tempat-tempat anu geus dipasanan CCTV  sarta ngagantian ku CCTV anu kualitasna leuwih hade. Patali jeung panerangan jalan umum, Bima mènta sangkan sacepetna dilaksanakeun pamariksaan ka PJU  anu lampuna geus paèh.
“Sim kuring miharep pisan sangkan masarakat ngalaporkeun  sagala kajadian kana media on line, sangkan sagala pasualan sacepetna bisa diungkulan,” sanggemna (Humas/Dadang HP)


Kejari Bogor Ngamusnahkeun Barang Bukti



 Kejaksaan Negeri Bogor  ngamusnahkeun  rupa-rupa barang bukti anu geus meunang kakuatan hukum tetep, di buruan Kejari Bogor, Rebo (1/4/2015). Barang bukti anu dimusnahkeun nyaèta narkoba anu mangrupa ganja 40.336,289 gram, Tramado  jeung Tri  Hetitium 570  siki, shabu-shabu 40,215 gram, Altrazolam 25 butir  jeung pèl Lexsotan 10  siki,  27 lambar  duit  palsu 100 rèbuan 153 lambar, Dolar Singapura 110 rèbu dolar  sarta  8.269 lembar  duit Brazil anu 5 rèbuan.  
Numutkeun Kepala Kajaksaan Negeri Bogor,  Katarina Endang Sarwestri,  ampir 80 persèn pasualan anu dibèrèskeun ku Kejaksaan Negeri Bogor ngeunaan narkoba.  Dumasar kana barang bukti anu  dimusnahkeun, sumebarna narkoba di Bogor geus aya dina kaayaan manghariwangkeun. Eta tèh kakara di Kajaksaan wungkul, encan anu geus dimusnahkeun di Polres Bogor, pastina leuwih loba deui, sabab anu di Kajaksaan Negeri Bogor mah, ukur sèsana. Inyana miharep kagiatan èta,  bisa jadi titimangsa  pikeun merangan sumebarna narkoba di Kota Bogor. Inyana ogè umajak ka sakabèh pihak sangkan leuwih malirè sarta ancrub miluan merangan musuh masarakat ieu.  Kagiatan ngamusnahkeun ieu dipungkas ku panèkenan berita acara  ku Sekretaris Daerah Kota Bogor Drs. H. Ade Sarip Hidayat, Komandan Kodim  0606 Kota Bogor Letnan Kolonel ARH Rakhmad Santoso, Ketua Pengadilan Negeri Bogor John Tony Hutauruk, SH, anggota DPRD Kota Bogor Najamudin, Kepala Dinas Kesehatan Kota Bogor Dr. Rubaeah, sarta Kapolres Bogor Kota anu diwakilan ku Kasat Narkoba.(Humas/Dadang HP)

Rabu, 01 April 2015

Bima : Sakabèh Pamilon LKBB, Nu Mareunang



Walikota Bogor, Bima Arya Sugiarto  negeskeun yèn Hirup nyaèta kompetesi, perjoangan jeung luat-lèèt ku kèsang.  Maranèhanna nu teu siap ngalakonan kompetensi, henteu siap berjoang sarta ngaluarkeun kèsang moal bakal jadi jalma anu meunang.  Hal èta dijèntrèkeun Bima mangsa nutup acara LKBB Bogor Championship 2015  anu lumangsung di GOR Pajajaran Kota Bogor, Ahad  (29/3). Dina lomba èta, SMP Negeri 1 Leuwiliang  jeung  SMK Tehnikal Cisaat Sukabumi  ngarebut  juara umum. Bima ogè nètèlakeun yèn sakabèh pamilon lomba dianggap pameunang sanajan teu  meunang piala.
“Sabab sakabèhna geus miluan kompetisi jeung geus ngaluarkeun kèsang. Mangsa nu lian nongkrong di mall, hidep aya di dieu bari luat-lèèt kèsang pikeun nempokeun kabisana. Geus tangtu èta matak reueus pikeun nu  s  Eta sababna, Bima ngarasa reugreug jeung reueus ka sakabèh pamilon anu geus babarengan ngawangun karakter pajoang sarta  mibanda sikep nyaah ka nagara jeung ka Kota Bogor. Sawatar èta,   Pupuhu  PPI Kota Bogor M. Sajidin  nètèlakeun yèn kagiatan èta mangrupa agenda taunan  PPI Kota Bogor.

èjènna,” sanggem Bima.

 “Alhamdulillah taun ieu, aya dua  sakola  ti Sukabumi . Sim kuring kaciad reueusna tur kacida ngahargaan kana ilubiungna dina acara ieu. mudah-mudahan taun hareup masih bisa  miluan di LKBB Bogor Championship,” sanggemna.
Para juara salengkepna.
 Formasi panghadèna tingkat SMP SMPN 12 Kota  Bogor, Komandan panghadèna SMPN 1 Leuwiliang, MC panghadèna SMPN 2 kota  Bogor, Harapan  ka 3 SMPN 2 Kota  Bogor, Harapan 2 SMPN 1 Sukaraja  jeung  Harapan 1 SMP Al Ghazali Bogor.
Juara ka 3 SMPN 8 Kota  Bogor, Peringkat kadua SMP Rimba Taruna Bogor  jeung  Peringkat ke 1 sakaligus Juara Umum  kalayan jumlah nilèy 4480 SMP N 1 Leuwiliang.
Sedengkeun pikeun tingkat SMA Formasi panghadèn SMA Tehnikal Cisaat, Komandan  panghadèna SMA Teknikal Cisaat, MC panghadèna SMK Pembangunan, peringkat VI SMK Pembangunan Bogor, peringkat V SMA N 4 Bogor, Peringkat IV SMK Pertiwi Bogor, Peringkat III SMAN 6 Bogor, peringkat II SMAN 1 Cileungsi, Peringkat I sakaligus menjadi juara Umum  kalayan nilèy 4613  nyaèta SMK Tehnikal Cisaat Sukabumi. (Gus/ Ridwan/Dadang HP)

Mieling Milangkala ka 8, Ngahangkeutkeun Program Heman ka Trans Pakuan



Mièling milangkalana anu ka 8 dina  12 April 2015, Perusahaan  Daerah Jasa Transportasi (PDJT) Trans Pakuan Kota Bogor, bakal ngalumangsungkeun sababaraha kagiatan, diantarana kartu  PDJT Trans Pakuan ka sababaraha panggiat sosial. Hal  èta ditegeskeun ku Direktur Utama PDJT  Trans Pakuan, Yonathan Nugraha di kantorna, Rebo (1/4). Numutkeun Yonathan kartu ieu  bakal dibagikeun ka seniman, budayawan, pangurus OSIS, LSM, Ormas, Organisasi Kapamudaan jeung panggiat sosial mangsa mièling milangkala dina 12 April nu bakal datang. Salian ti babagi kartu, PDJT ogè bakal ngahangkeutkeun program #Heman ka Trans Pakuan dina raraga ngarojong program #Bogoh ka Bogor anu geus dibèwarakeun ku Walikkota Bogor sababaraha waktu kaliwat.
“Salah sahiji program #Heman ka Trans Pakuan nyaèta babarengan ngajaga jeung ngaraksa beus sarta shelterna sangkan ulah nepi dikotoran atawa vandalisme,”pokna daria. Kujalan ngajaga sarana Trans Pakuan sangkan tetep beresih, sarua jeung ngarojong program #Bogoh ka Bogor. Yonathan ogè nètèlakeun yèn dina Rebo (1/4), 27 beusna geus dipasangan alat GPS (global posisioting system) ku Walikota Bogor. Alat ieu  minangka sumbangan ti  CSR PT. Telkomsel.
“Ku ayana alat GPS ieu pihak pausahaan bisa nyaho kajadian nu tumiba ka beus  sarta bisa mere tindakan anu cepet lamun aya kajadian anu teu diharepkeun,”sanggemna. (Dadang HP)