Selasa, 22 Maret 2016
WARTA BASA SUNDA BOGOR: Syfa Lumpuh Salila 13 Taun
WARTA BASA SUNDA BOGOR: Syfa Lumpuh Salila 13 Taun: WARTABASAUNDA Sani (36) warga Kampung Jampang RT 02 RW 1O, Desa Kalisuren Kac. Tajurhalang Kabupaten Bogor, ukur ngageuri nempo a...
Syfa Lumpuh Salila 13 Taun
WARTABASAUNDA
Sani
(36) warga Kampung Jampang RT 02 RW 1O, Desa Kalisuren Kac. Tajurhalang Kabupaten Bogor, ukur ngageuri
nempo anakna Syarifah atawa
“Saentas
divaksin peutingana muriang, tuluy koma salila sapuluh poè, mangsa hudang sakabèh tulangna jadi leuleus,”pokna bari carindakdak nahan piceurikeun. Salila sapuluh taun, saminggu sakali anakna
ngalaman step, tong boroning dahar, pikeun nginum waè geus teu bisa. Lantaran
taya kadaharan anu asup pisan, bari jeung teu tèga susu jeung kadaharan
sabangsaning bubur tèh kapaksa kudu dijejelkeun.
“Sakuduna
mah diinfus, tapi waragad pikeun ka rumah sakitna timana. Salaki kuring, Kang
Anda ukur buruh wangunan. Pikeun ngubaran anak kuring anu cikal kapaksa kudu
hutang injeum diantarana nepi bank
keliling sagala,”tegesna. Malah dina hiji waktu mah, kulantaran geus taya
waradag pikeun ngubaran, sarta imahna ogè dina kaayaan darurat, salila
sababaaha peuting kapaksa ngendong di kuburan emana dibarengan Syfa jeung
adina.
“Kuring
geus bingung pisan kudu ka saha deui sasadu. Iwal ti ka makam indung jeung
minangsaraya ka Gusti Allah.” Ari tarèkah pikeun ngubaran anakna, geus teu kaitung, ti mimiti
ka Puskesma, rumah sakit, dokter, dukun, kyai, ka jalma-jalma piniter bari
jeung kudu naèk angkot ngagandong nu gering.
“Sawatara
bantuan ti Dinas Sosial Kabupaten Bogor, lain euweuh, tapi matak lieur. Mangsa
aya nu masrahkeun loba pisan titipan caritaan. Engkè lamun aya nu nanya jumlah
anu katarima sakitu nya,”pokna tèh. Sanajan kaayaan Syfa teu walakaya, teu bisa
diuk-diuk acan teu bisa nyarita, Sani ngaku moal pegat-pegat narèkahan
ngubaran, moal rèk putus pangharepan.
“Nu
ngaranna indung mah geus pasti nyaah ka anak sarta hayang anakna walagri,
cageur bageur, kitu ogè kuring,”Sanui nutup caritaan. (dhp)
Minggu, 20 Maret 2016
Mama Arief Bakal Maju Dina Pamilihan Pupuhu DK3B
WARTABASASUNDABOGOR
Haji
Arief Hidayat atawa Mama Arief Hidayat, ahli dongeng Sunda, negeskeuun bakal
maju dina pamilihan pupuhu Dewan Kesenian jeung
Kabudayaan Kota Bogor (DK3B) anu bakal dilumangsungkan dina April nu
bakal datang. Majuna ahli dongèng ieu geus pasti bakal ngaramèkeun jumlah calon
pupuhu anu aya, ceuk basa dongèngna mah
kawas torolong hayam ti kolong. Numutkeun inyana, aya sababaraha seniman
jeung budayawan sarta anggota DPRD Kota Bogor nu datang ka imahna, meredih
sangkan dirina maju.
“Ulah
henteu Ma, salametkeun DK3B, sabab tina calon anu bakal maju ayeuna, kahareupna
angger moal harmonis, bakal aya pacogrègan. DK3B bakal moal buleud,”saur Mama
Arief nirukeun ucapan anggota DPRD Kota Bogor, di bumina di wewengkon komplek paimahan
Taman Yasmin Kacamatan Bogor Barat Kota Bogor, Ahad (20/3). Mama Arief sorangan ngarasa yakin, yèn majuna
dirina jadi pupuhu DK3B bakal loba nu ngarojong.
“Sim
kuring geus nyiapkeun calon pangurus lamun tèa kapilih. Loba seniman jeung
budayawan Bogor anu hade gawèna, rancagè, tara loba omong, hasil gawèna geus
kanyahoan anu keur diajakan badami pikeun majukeun DK3B,”tegesna.
Sakumaha dipikanyaho, kaayaan DK3B ayeuna, kaayaanna
“status quo”, sabab pupuhu anu geus
kapilih teu bisa ditarima hasil pamilihinna. Dines Kebudayaan Pariwisata jeung
Ekonomi Kreatif Kota Bogor, ahirna bakal ngalaksanakeun pamilihan deui. Tapi
ceuk panitèn budaya, Cecep Thoriq, lamun anu geus milu pamilihan kamari milu
deui, dihariwangkeun bakal paciweuh.
“Alusna
mah aya inohong sèjèn anu miluan tur bisa ngararapih kaayaan anu ayeuna keur
riweuh,”ceuk Cecep.
Minggu, 25 Oktober 2015
Lantara Teu Dianggarkeun, Pangurus PWI Kota Bogor Rek Ngawangun Gedongna ku Swadaya
Pangurus PWI Kota Bogor
ahirna mutuskeun bakal ngawangun kantor PWI di Jalan Kasehatan No. 4 Kacamatan
Tanah Sareal Kota Bogor, anu ambruk sababaraha bulan kaliwat. Hal ieu
diputuskeun mangsa meunang kapastian yèn Pemkot Bogor teu nga-anggarkeun waragad pikeun ngawangun
dina Anggaran Belanja Tambahan (ABT) taun 2015.
Numutkeun Ketua PWI Kota Bogor, H. Tarwono, mangsa gedong PWI ambruk
loba para gegeden anu daratang ti mimiti Walikota, Wakil nepi ka Ketua DPRD
Kota Bogor.
“Sakabèhna ngajangjikeun
bakal mantuan ngawangun ku jalan ngasupkeun dina ABT taun 2015 ayeuna, tapi
saentas dipaluruh tètèla teu dianggarkeun. Ahirna kuring jeung rèngrèngan
pangurus sapuk bakal ngawangun ku jalan swadaya,”tegesna mangsa ngariung di
kantor heubeul di Jalan Kasehatan Kota Bogor. Numutkeun pangurus sèjènna,
salian ti teu dianggarkeun aya bèja yèn kantor PWI ieu bakal diwangun tapi
dihancengkeun pikeun Badan Narkotika Nasional (BNN) Kota Bogor.
“Padahal jelas pisan dina
prasasti anu teken ku Walikota Bogor anu ti heula, Bapak Suratman, kantor ieu
pikeun PWI. Jadi lamu aya alih fungsi hartina èta pajabat teu nyahoeun sajarah,”teges
salah saurang pangurus PWI Kota Bogor basa keur ngariung. PWI, ceuk èta
pangurus, ngan mènta kacindekan, naha
bakal diwangun deui atawa moal.
“Ulah digantung teu puguh
atuh. Geus mah Pemkot Bogor teu nyadiakeun rohangan husus wartawan pikeun kalancaran tugasna, anu aya ogè
rèk dibikeun ka nu sèjèn. Asa ku
harianeun pisan,”tegesna (Red)
Senin, 19 Oktober 2015
Kencana Siap Jadi Panaratas Kota Bogor Bersholawat
WartaBasaSunda.
TANAH SAREAL. Kalurahan
Kencana Kecamatan Tanah Sareal Kota Bogor siap
naratasan Kota Bogor jadi Kota Bersholawat atawa Sholawatan. Hal ieu
geus dibuktikeun ina unggal kagiatan Hari Besar Islam, kawih Sholawat
Nabi jadi kabiasaab umat Islam di kalurahan anu ngawates jeung Desa Cilebut
Barat Kabupaten Bogor. Dina Saptu (17/10/2015) peuting, magrèbu-rèbu umat Islam
minuhan pakarangan Masjid Asshurofa
Kampung Kalimurni RW 01 Kalurahan Kencana. Kagiatan anu sasmitana “Kalimurni
Bersholawat “ dilumangsungkeun dina raraga mapag taun anyar Islam Islam 1437
Hijriah. Acara anu ditaratas ku rumaja Kalimurni ieu, ngondang Habib Muhammad
Mahdi Bin Hamzah Assegaf pingpinan Majlis Ta’lim Syababul
Kheir. Warga anu daratang loba kacida,
salian ti minuhan masjid jeung pakarangan ogè nepi ka sisi jalan sarta bari
sila husu macakeun sholawat ka Nabi
Agung Muhammad SAW.
Kalimurni Bersholawat ieu diluuhan ku Lurah Kencana
Syafei R, Kasie Trantib Yan Sopyan, Ketua
Lembaga Pemberdayaan Masyarakat (LPM) Surya, Ketua RW 01 Kelurahan Kencana Abdul Malik, sajumlah
ulama, kiayi, inohong pamuda. karang
Taruna sarta para santri ti sababaraha Majlis
Ta’lim. Numutkeun Ketua Hubungan antar Lembaga jeung CSR Karang Taruna Kac.
Tanah Sareal Agus, kabiasaan sholawatan
di Kalurahan Kencana kudu terus dijaga jeung dilaksanakeun , sarta Kalurahan
Kencana kudu jadi panaratas Kota Bogor Bersholawat. Sapamadegan jeung Agus,
Muslim salah saurang inohong masarakat Kalimurni anu ogè Ketua RT 02, nyebutkeun
yèn ku ngabiasakeun maca sholawat, insya Allag Kota Bogor bakal meunang
kaberkahan ti Allah SWT. Sedengkeun Lurah Kencana, Syafei R dibarengan Kasi
Trantibna, Yan Sopyan nètèlakeun kacida reueusna kana ayana kagiatan èta, sarta
umajak ka nu haladir sangkan hijrah ka jalan nu leuwih hade. (Dadang HP)
Selasa, 13 Oktober 2015
Angklung SDN Polisi 4 Muka Acara Sosiaslisasi ti PWI
PWI
Kota Bogor gawè bareng jeung Dewan Pers sarta Dinas Pendidikan Kota Bogor,
ngalumangsungkeun Sosialisasi Undang-Undang Pers jeung Kode Etik Kewartawanan
pikeun dunya pendidikan di Gedong Kamuninggading, Saptu (10/10). Kagiatan ieu
dibuka ku Kepala Dines Pendidikan Kota Bogor, H. Edgar Suratman ku cara
ngenclingkeun angklung dibarengan ku Kamsul Hasan ti Dewan Pers, sarta H.
Tarwono Ketua PWI Kota Bogor sarta ditungtungan ku pintonan angklung ti SDN
Polisi 4 Kota Bogor, anu mawakeun 2 lagu. Samèmèhna, para pamilon jeung nu
hadir di gedong ieu, ngawih lagu wajib Indonesia Raya anu dipingpin ku Kepala
SDN Polisi 4, Yayah Komariah.
Numutkeun
Edgar, kagiatan sosialisasi kacida pentingna pikeun para kapala sakola jeung
guru, kusabab dina wangkid kiwari geus ditetepkeun Undang-Undang Keterbukaan
Informasi Publik (KIP) anu raket patalina jeung dunya jurnalistik.
“Mudah-mudahan
ku ayana kagiatan ieu, nu ngokolakeun dunya pendidikan jadi nyaho kumaha
nyanghareupan wartawan,” ceuk Edgar. Inyana ogè miharep ka nu encan miluan
kagiatan sosialisasi sangkan miluan mangsa aya acara samodèl kitu deui, sarta mènta
sangkan pihak panitia nyatetkeun sakola anu dina waktu ayeuna teu bisa milu.
Sawatara èta, Ketua PWI Kota Bogor, H. Tarwono miharep kagiatan anu
dilaksanakeun ku rèngrènganna aya mangpaatna, sarta nambahan pangaweruh pikeun
guru jeung kapala sakola anu miluan kagaiatan dina poè èta.
“Kuring
ogè ngarasa reueus sarta ngahaturkeun nuhun ka Dines Pendidikan Kota Bogor, PWI Jawa
Barat, Pihak Polres Bogor Kota sarta Dewan Pers,”sanggemna. Minangka panyatur
dina sosialisasi ieu nyèta Kamsul Hasan
ti Dewan Pers, Uyun Ahdiat ti PWI Jabar sarta ti Polres Bogor Kota. (Dadang HP)
.
Langganan:
Postingan (Atom)





