Selasa, 28 April 2015

Opat Puluh Urang PNS Disumpah

Opat puluh urang guru SD  jeungt  SMK  ahirna diangkat sarta disumpah jadi Pagawè Nagri Sipil (PNS) saentas ngadagoan salila 2 taun. Para pangajar ieu ngucapkeun sumpah jeung jangji PNS anu dipingpin ku Walikota Bogor Usmar Hariman, dina Senen (27/4) di rohangan I Balèkota Bogor, Jalan Ir. H. Juanda No. 10 Kota Bogor. Mangsa mere pangarahan Usmar negeskeun sangkan sumpah anu diucapkeun bisa dilenyepan ku hate sarta dilaksakanakeun dina kagiatan sapopoè salaku pangajar. Inyana ogè ngingetan yèn loba pisan anu hayangeun jadi PNS sarta pilihan jadi PNS lain pikeun nèangan pakaya, tapi takdir anu kudu dijadikeun pilihan hirup.
“Jadi PNS hartina geus siap ngorbankeun waktu, tanaga jeung pikiran  pikeun ngalayanan masarakat,”teges Usmar.  Sawatara èta Kepala BKPP Dwi Roman Pujo nètèlakeun yèn ngucapkeun sumpah pikeun PNS mangrupakeun salah sahiji pangbinaan sangkan PNS satia jeung taat kana Pancasila, UUD 45, nagara, pamarèntah, mibanda sikep jeung laku lampah hade, juju, bersih, mibanda kualitas sarta tanggung jawab. Tina 40 urang anu disumpah, aya 3 urang anu teu bisa hadir, kusabab keur ngalahirkeun sarta gering. 40 urang pangajar ieu ngawengku 11 urang guru SMK Teknik, 29 urang diantarana guru SD. Samèmèh jadi PNS ka 40 urang ieu geus milu ujian dina taun 2013, sarta milu prajabatan anu dilaksanakeun ti mimiti 10 April nepi ka 3 Mei 2014 kaliwat. Kagiatan ieu ogè diluuhan ku Asisten Umum, Arief M. Budiayanto, Kepala Inspektorat Kota Bogor, Edang M. Kendana sarta para pajabat lianna. (gus/rahmat/Dadang HP)







Minggu, 26 April 2015

Puseur Seni jeung Budaya Sunda Tatar Pakuan di Sukaharja




Lingkung Seni Sukarya anu pernahna di Kampung Tapos Desa Sukaharja Kacamatan Cijeruk Kabupaten Bogor, anu biasana tiiseun ngadadak haneuteun. Loba jalma anu marakè kampret, pangsi hideung jeung ditotopong pasuliwer di tempat èta. Kitu ogè jentring kacapi jeung gelikna sora suling, ngahaneutan wewengkon anu hawana tiis kawas di Puncak.  Panyabab Poè èta, Ahad (25/4) di lingkung Seni Sukarya diresmikeun Puseur Seni jeung Budaya Sunda Tatar Pakuan  ( PSBSTP) anu dialpukahan ku nu boga villa ogè Lingkung Seni Sukarya, Baskara Sukarya. Numutkeun Baskkara lingkung seni anu diadegkeunna geus dua taun, sarta salila ieu keur ngabina barudak anu aya di sabudeuranna.
“Sababaraha waktu kaliwat aya rombongan ti Karang Taruna anu ogè mèta dilatih. Atuh jadi bingung, sawatara sim kuring teu pati ngawasaan Bogor, sabab salila ieu padumukan di Jakarta. Ka dieu ukur, Jumaah, Saptu jeung Minggu,”pokna daria. Keur bingung kumaha milampah, sanggemna,  kapanggih jeung Asep Tedy  ti Komunitas Iket Sunda (KIS) Bogor anu salila ieu ngagugulung kasundaan.
“Puguh wè asa mobok manggih gorowing, manggih jalan komo meuntas,”saurna sabada ngaresmikeun  PSBSTP. Sawatara èta, Ki Asep “Goler” Tedy nyanggemkeun kacida bungahna kana anu geus dijalankeun ku Baskara.
“Perhatian Pa Baskara kana seni jeung budaya Sunda kacida ageungna. Kabuktosan ayeuna di lingkung seni anu dipingpin ku anjeunna diadegkeun wangunan pikeun kamajuan seni jeung budaya Sunda,”saur Tedy. Di tempat ieu, salian ti bakal aya tempat latihan Silat Sabandar Kari Madi ogè bakal aya palatihan seni nu lianna.
“Urusan mayar palatih ditangkes ku Pa Baskara. Sedengkeun  pikeun panggunaan wangunan teu ditarik bayaran alias gratis,”tegesna.  Tempat èta ogè, ceuk Tedy, bisa digunakeun pikeun kagian lianna, boh sarèsèhan, seminar atawa kagiatan naon waè anu aya patalina jeung kasundaan.  Nu daratang dina acara ieu, tètèla lain ngan ti Bogor wungkul, tapi ti KIS Bandung, Cianjur, Sukabumi jeung Karawang.  Kitu ogè dina pintonan senina, lain ngan saukur angklung jeung tari wungkul, aya ogè Karindingan Jaka Sunda, Kacapi Suling, Sang jeung Kang  Didin, sarta seni tradisi sèjènna. (Dadang HP)

Baskara H. Sukarya

Asep"Goler" Tedddy

Sang sareng Kang Didn

Karinding Jaka Sunda

Sabtu, 25 April 2015

O2SN Pikeun Ngawangun Generasi Ngora



Dinas Pendidikan Kota Bogor ngalumangsungkeun Olimpiade Olahraga Siswa Nasional (O2SN) ka-VIII Tingkat Kota Bogor 2015 anu dipiluan ku  912 atlet ti SD, SMP, SMA/ SMK sarta  150 official, di GOR Pajajaran, Kemis (23/4). Para pamilon kagiatan ieu as alna ti 6 kecamatan sa-Kota Bogor sarta unggal kacamatan ngirimkeun 152 atlet. Acara ieu diresmikeun ku Wakil Walikota Bogor Usmar Hariman. Dina pangbagèana Usmar nètèlakeun yèn lobana atlèt anu milu dina kagiatan èta,  salah sahiji ciri pangbinaan di generasi ngora kawilang sukses. Lima nepi 15 taun ka hareup  atlèt-atlèt anu ayeuna tandang makalangan, diharepkeun bakal bisa mawa seungit Kota Bogor ku prestasina.
“Ku ayana kagiatan positif samodèl kieu, salah sahijina olahraga, Pamarèntah Kota Bogor sacara teu langsung geus nyalametkeun generasi ngora  tina kagiatan negative anu bakal nyilakakeun dirina,”teges Usmar. O2SN sorangan bakal dilaksanakeun ti mimiti tanggal 23 nepi ka 27 April 2015. Lokasi anu digunakeun pikeun kagiatan ieu diantarana lapangan Makorem sarta sakola-sakola anu mibanda sarana anu cukup pikeun ngalaksanakeun pertandingan. Sakurangna aya 11 cabang olahraga anu bakal dilombakeun nyaèta atletik, tenis meja, voli, tenis lapangan, sepakbola mini, bulutangkis, catur, renang, pencak silat, karate jeung sepak takraw pikeuun SD jeung SMP. Sedengkeun pikeun SMA/SMK atletik, tenis meja, bulutangkis, pencak silat, karate sarta  catur. (Humas/Dadang HP)


Pramuka Kwarcab Kota Bogor Kasumpingan Pramuka Dunia



Gerakan Pramuka Kwartir Cabang Kota Bogor  kasumpingan tamu ti pangurus World Organization Scout Movement (WOSM) atawa Organisasi Dunia Gerakan Kepanduan Moses Engadu  jeung Jefrey K-Hall, dina poè Rebo sababaraha waktu kaliwat. Rombongan tamu ieu ditampi ku Maman Suherman ti Kwarcab Kota Bogor, dibarengan pangurus  Kwartir Nasional, Siswanto  jeung  Deden Sefrudin sarta pangurus Kwartir Daerah Jawa Barat, Riri. Numutkeun Maman, tujuan para tamu datang ka Kota Bogor diantarana ngajelaskeun salah sahiji program organisasi kepanduan dunia  anu gawè bareng jeung UNICEF nyaèta  U_Report. 
“Pastina ayana U-Report ieu gunana lain ngan pikeun Pramuka Kota Bogor wungkul, tapi tingkat nasional ogè.”ceuk Maman. Sawatara èta Moses Engadu  negeskeun yèn ku pamangpaaran teknologi kalayan wijaksana bakal alus balukarna pikeun U-Report sarta pihakna bisa nyaho kana pasualan anu aya tur mantuan pikeun nèangan jalan kaluarna. “Boh pasualan nasional atawa internasional. Salian ti èta bisa dimangpaatkeun pikeun komunikasi jeung organisasi kapanduan anu aya di dunia,”sanggemna. (Humas/Dadang HP) 

Jumat, 24 April 2015

Walikota Bogoh ka Bogor, Disdik Ngabogor, Cepot mah Ngabodor



Sanajan hujan barudak SMP Negeri 14 Kalurahan Situgede, Kacamatan Bogor Barat, Kota Bogor, teu galideur jeung teu incah balilahan nyaksian pagelaran wayang golek singket anu dilaksanakeun ku Ki Dalang Jajat S. Endang di lapangan volley sakolana, Jumaah (24/4). Program Wayang Asup ka Sakola anu ditaratas ku Pepadi Kota Bogor meunang pangbagèa anu kacida hadèna ti Kepala jeung rèngrèngan guru, sarta murid SMP Negeri 14. Numutkeun Kepala SMP Negeri 14. Jana S. Nawastun, M.Pd, pihakna ngahaja ngalumangsungkeun pagelaran wayang golek dina raraga ngarojong program Bogoh ka Bogor, Walikota Bima Arya, sarta Program Ngabogorna Dines Pendidikan Kota Bogor.
“Bogoh ka Bogor jeung Ngabogor ceuk pamadegan kuring kudu dibarengan ku prakna, diantarana ngawanohkeun seni tradisi hususna wayang golek. sabab di jerona loba atikan pikeun barudak sakola,”saurna sabada pintonan. Kabeneran dina poè Jumaah èta, Kapala Dines Pendidikan Kota Bogor, Edgar Suratman sareng pajabat Disdik sarta kapala sakola sa-Kecamatan Bogor Barat keur ngalaksanakeun Jumling anu dipungkas di SMP Negeri 14.
 Sawatara èta, Dalang Jajat S. Endang nu kapapancenan meunang tugas ti Pepadi Kota Bogor, ngarasa reugreug jeung reueus mangsa merhatikeun barudak SMP Negeri 14 anu tetep narongton sanajan dina kaayaan hujan. Inyana ogè negeskeun, kulantaran waktuna singket pisan (ukur sajam) lalakon anu dibawakeunna ogè disaluyukeun jeung kaayaan,
“Sim kuring leuwih loba mawakeun carita anu raket patalina jeung dunya atikan, sarta kajadian-kajadian anu keur lumangsung dina wangkid kiwari,”pokna  daria. Di SMP Negeri 14, Jajat anu ogè Wakil Pupuhu Widang Pamentasan, lain ngan saukur magelaran wungkul, tapi ngajarkeun kumaha ngigelkeun wayang, sarta boga rencana bakal ngabuka kursus wayang golek pikeun barudak sakola.
“Soal tempat jeung kumaha wujudna nuju disawalakeun sareng Ketua Pepadi, Bapa Haji Shahlan Rasyidi,”tegesna.   Fauziah, murid kelas 7, nyebutkeun kacida resepna kana wayang golek.
“Kuring terang ka Srikandi. Arjuna, sareng nu sanèsna. Tapi nu pangresepna mah ka Si Cepot, lucu pisan,”ceuk Fauziah. (Dadang HP)