Selasa, 13 Oktober 2015

Angklung SDN Polisi 4 Muka Acara Sosiaslisasi ti PWI



PWI Kota Bogor gawè bareng jeung Dewan Pers sarta Dinas Pendidikan Kota Bogor, ngalumangsungkeun Sosialisasi Undang-Undang Pers jeung Kode Etik Kewartawanan pikeun dunya pendidikan di Gedong Kamuninggading, Saptu (10/10). Kagiatan ieu dibuka ku Kepala Dines Pendidikan Kota Bogor, H. Edgar Suratman ku cara ngenclingkeun angklung dibarengan ku Kamsul Hasan ti Dewan Pers, sarta H. Tarwono Ketua PWI Kota Bogor sarta ditungtungan ku pintonan angklung ti SDN Polisi 4 Kota Bogor, anu mawakeun 2 lagu. Samèmèhna, para pamilon jeung nu hadir di gedong ieu, ngawih lagu wajib Indonesia Raya anu dipingpin ku Kepala SDN Polisi 4, Yayah Komariah.
Numutkeun Edgar, kagiatan sosialisasi kacida pentingna pikeun para kapala sakola jeung guru, kusabab dina wangkid kiwari geus ditetepkeun Undang-Undang Keterbukaan Informasi Publik (KIP) anu raket patalina jeung dunya jurnalistik.
“Mudah-mudahan ku ayana kagiatan ieu, nu ngokolakeun dunya pendidikan jadi nyaho kumaha nyanghareupan wartawan,” ceuk Edgar. Inyana ogè miharep ka nu encan miluan kagiatan sosialisasi sangkan miluan mangsa aya acara samodèl kitu deui, sarta mènta sangkan pihak panitia nyatetkeun sakola anu dina waktu ayeuna teu bisa milu. Sawatara èta, Ketua PWI Kota Bogor, H. Tarwono miharep kagiatan anu dilaksanakeun ku rèngrènganna aya mangpaatna, sarta nambahan pangaweruh pikeun guru jeung kapala sakola anu miluan kagaiatan dina poè èta.
“Kuring ogè ngarasa reueus sarta ngahaturkeun nuhun  ka Dines Pendidikan Kota Bogor, PWI Jawa Barat, Pihak Polres Bogor Kota sarta Dewan Pers,”sanggemna. Minangka panyatur dina sosialisasi ieu nyèta Kamsul  Hasan ti Dewan Pers, Uyun Ahdiat ti PWI Jabar sarta ti Polres Bogor Kota. (Dadang HP) .


Sabtu, 10 Oktober 2015

Film Tijan Pahlawan Pituin Bogor Bakal Diputer Ahir Oktober 2015




Ketua PWI Kota Bogor, H. Tarwono jeung Ketua LMP Kota Bogor, Bambang Rasiantoro
WartaBasaSundaBogor- Bogor Utara. Pupuhu Laskar Merah Putih (LMP) Kota Bogor, Bambang  Anto Rasiantoro mertèlakeun film layar lebar, Laskar Syetan, Tijan Pahlawan Bogor,  rencanana bakal dipute babarengan I tilu bioskop di tilu kota nyaèta, Jakarta Bogor jeung Bandung., dina ahir Oktober 2015 ayeuna. Hal ieu ditegeskeun Anto. mangsa pasamoan jeung Ketua PWI Kota Bogor, sababaraha waktu kaliwat di Sekretariat PWI, Jalam Destarata 4 Kec. Bogor Utara. Ceuk Anto film Tijan anu disutradaraan ku Bayu Prayoga ieu meakeun waragad kurang leuwih Rp. 1,2 milyar ieu, nyaritakeun perjoangan Tijan pahlawan pituin urang Bogor.
“Lilana film kurang leuwih 90 menit ieu dijieun salila 2 taun, ti mimiti ngumpulkeun  data, audisi I tilu kota, Bandung, Bogor jeung Jakarta, syuting nepi ka editingna,”ceuk Anto deui.  Kapahlawan Tijan, sabenerna geus dimimitian mangsa umurna kakara nincak 8 taun, ku jalan nyolongan beil ti gudangna Walanda. Tijan anu maot dina umur 21 taun ieu, berjoang di wewengkon Semplak sarta tiwas di Setugede Kacamatan Bogor Barat ayeuna.  Sanggem Anto, loba pisan picontoeun ti pahlawan anak bungsu tina 13 urang anak tukang dagang anu beunghar ieu, diantarana teu pernah ngabèda-bèdakeun jeung saha kudu ngabatur. Tijan leutik, dilalakonkeun ku Salim Damulay, sedengkeun Tijan rumaja ku Goris Kurniawan. Film anu tempat syutingna di Jakarta, Banten jeung Bogor ieu ogè dibèntangan ku Yaty Surahman jadi Nonon kabogoh Tijan anu teu pernah nikah alatan ku satiana ka Tijan, Pong Haryatmo  anu jadi guru ngajina Tijan, Rita KDI (bibina Tijan) sarta nu lianna. Sawatara èta Ketua PWI Kota Bogor, H. Tarwono muji jeung kacida ngarojongna kana sikep LMP Kota Bogor anu geus nyieun film perjuangan Tijan, pituin ti Bogor.
“Mugia kahareupna bisa nyieun film deui ngeunaan para pahlawan Bogor,” sanggemna. (Dadang HP)

Jumat, 09 Oktober 2015

Mangsa Guru Besar IPB Ngagugat Program Kamentrian Pariwisata



 WartaBasaSundaBogor, Juanda. Prof. Dr. Sambas Basuni, Guru Besar Manajemen Kawasan Hutan IPB Bogor,  meredih sangkan program Pariwisata Berkelanjutan (suistanable Tourism) anu eukeur dihangkeutkeun ku Kamentrian Pariwisata Indonesia, dirobah  jadi Pariwasta berwawasan lingkungan. Hal ieu ditegeskeun ku Sambas mangsa jadi panyatur dina  Rapat Koordinasi anu sasmitana Intregrasi jeung  Optimalisasi Pariwisata Berkelanjutan   di Gedong Badan Koordinasi Pemerintahan jeung Pembangunan (BKPP) Wilayah I Jawa Barat, Jln. Ir. Juanda Kota Bogor., Kemis (8/10). Pamènta Sambas ieu ditepikeun saentas Frans Teguh, Asisten Deputi Pengembangan Infrastruktur jeung Ekosistim Pariwisata Kementrian Pariwisata RI medarkeun porgamna.  yèn Kemnetrian Pariwasata nu kiwari keur ngahangkeutkeun Program Pariwisata Berkelanjutan. Numutkeun  Sambas sakumaha kaunggel dina UUD 1945, pasai 28 ayat 1,anu eusina jelas pisan ngèbrèhkeun yèn unggal warga mibanda hak hirup sajahtra lahir jeung batin, mibanda padumukan jeung meunang lingkungan hirup anu alus jeun sèhat saeta meunang palayanan kasèhatan.
“Kusabab kapentingan pangwangunan ekonomi, hak meunangkeun lingkungan anu sèhat jeung hade ieu, dièlèhkeun ku Perda sarta henteu jadi hak dasar,”teges Sambas.  Masarakat ayeuna, sanggemna, meunang kaayaan lingkungan anu gorèng balukar tina pangwangunan anu tuluy tumuluy atawa berkelanjutan. Para pangawasa bangun anu ngahaja nyumputkeun pasal ieu, padahal, investasi dina pariwisata anu mibanda wawasan lingkungan hirup kauntunganna 10 kali lipet tina usaha nu lianna. Sawatara èta, Frans Teguh negeskeun yèn anu disebut pariwisata anu tuluy tumuluy tèh sangkan generasi anu bakal datang tetep bisa ngarasaan tempat wisata anu kaayanna sarua jeung nu kiwari.
“Hartina taya karuksakan atawa dirawat jeung dirumat sangkan tetep sarua jeung kaayaan nu ayeuna,”saurna. Pikeun èta jeung ngaronjatkeun jumlah nu daratang ka Indonesia, pihak Kamentrian Pariwasta keur nyieun sakurangna 32 Kawasan Strategeus Pariwisata Nasional, 2 diantarana aya I wilayah I. nyaèta wewengkon Gunung  Gede –Pangrango dan Halimun. Kagiatan Rakor ieu dibuka ku Kepala Bidang Pembangunan BKPP Wilayah 1 Jawa  Barat, Al Mursyd sarta ngadatangkeun para panyatur ti praktisi jeung akademisi pariwisata iantarana Dr, Ir. Riky Avenzora, para Kadisbudpar, sarta OPD I wilayah I. (Dadang HP)



Senin, 05 Oktober 2015

Moh Hamzen : KML Kwarcab Kota Bogor Lilana 6 Poe



WartaBasaSunda. TAJURHALANG. Pupuhu Kwarcab Gerakan Pramuka Kota Bogor, Ade Sarip Hidayat, negeskeun yèn dunia atikan (pendidikan) jeung Pramuka, teu bisa dipisahkeun, lir cai jeung laukna. Kusabab kitu Gerakan Pramuka kudu tetep hirup nyaangan hate  barudak sakola, guru jeung sakumna nu kalibet dunya pendidikan. Hal èta ditegeskeun Adè mangsa muka kagaitan Kursus Mahir Lanjutan (KMP) Tingkat Penggalang taun 2015  anu diayakeun ku Kwarcab Kota Bogor, di Desa Tajur Halang Kacamatan Cijeruk, Kabupatèn Bogor. Di hareupeun para pamilon KML anu rata-rata kapala sakola inyana negeskeun sangkan dina ngalaksanakeun kagiatan Pramuka di dasaran ku rasa ihlas,hayang ngamajukeun kapramukaan di Kota Bogor.

Moh. Hamzen, M.Si
“Omat Pramuka mah lain pikeun nèangan duit, tapi  pikeun pangabdian,”tegesna. Minangka  ciri yèn kagiatan KML dimimitian, sabada bèantara Adè anu ogè Sekda Kota Bogor, masrahkeun pataka ka salah saurang paanitia sarta masangkeun pin ka para  pamilon. Sawatara èta, Pupuhu  Palaksana Kagiatan, Moh. Hamzen nyaritakeun yèn KML anu dilaksanakeun dina taun 2015 ieu, dipiluan ku  30 urang pamilon sarta diwaragadan tina anggaran Kwarcab Kota Bogor.
“Sa Kwartir Ranting ngirimkeun pamilon lobana 5 urang. Sarta saratna geus miluan KMD sakurangna 6 bulan bari geus nyieun Nalakarya, nyaèta tulisan jeung kagiatan anu geus dilaksanakeun salila 6 bulan katukang,”saurna. Kwarcab. Kota Bogor sorangan nepi  danget ieu geus ngahasilkeun  800  urang leuwih Pembina anu miluan KMD tina target 1000 urang. Sedengkeun pikeun Pembina anu geus miluan Kursus Pelatih Dasar (KPD) di tingkat Kwarda aya 36 urang.  Sarta nu geus miluan Kursus Pelatih Lanjutan di Kwarnas aya 16 urang.
“Allhamdulilllah mangsa Pa Ade Sarip mingpin Kwarcab Kota Bogor dina waktu ukur 3 taun, Kwarcab Kota Bogor jadi Kwarcab Panggiat ka 3, anu samèmèhna ka 22 tina 24 Kwarcab anu aya di Jawa Barat,”pokna tatag. (Dadang HP)

 
 

Jumat, 02 Oktober 2015

Rachmat Saujana :Soal Kampung Urug, Disbudpar Bakal Neangan Jalan Kaluarna



Patali jeung kereteg hate  salah sahiji kasepuhan Kampung Urug Tonggoh, Desa Urug Kacamatan Sukajaya Kabupatèn Bogor, Abah Sukardi  anu nyebutkeun yèn kampung budaya ieu geus kaleungitan jatidirina, kusabab para kokolot lianna geus ninggalkeun tali paranti  karuhun dina urusan tatanèn, Dinas Kebudayaan jeung Pariwisata Kabupatèn Bogor bakal nyieun lèngkah pikeun ngungkulanna. Hal èta ditegeskeun ku Kepala Disbudpar Kabupatèn Bogor Rachmat Saujana di kantorna sababaraha waktu kaliwat.
“Sim kuring bakal nyawalakeun heula jeung para kokolot di Kampung  Urug sarta umajak Dines Tata Ruang Bangunan jeung Pamukiman sarta Dines Pertanian jeung Kehutanan Kabupatèn Bogor pikeun nèangan jalan kaluarna,”ceuk Rachmat. Malah leuwih jauhna Rachmat bakal ngusulkeun sangkan dijieun Perbub pikeun wangunan anu aya di Kampung Urug, kitu ogè  patali jeung  dunya tatanèn rèk dijieun Perbupna sangkan binih pare anu aya di Kampung Urug henteu sirna.
“Perbup pikeun wangunan ayana di Dines Taruba jeung Pemukiman, sedengkeun ngeunaan tatanèn atawa plasma nuftah kawenangan Dines Pertanian jeung Kehutanan Kabupatèn Bogor. Insya Allah sim kuring bakal sawala jeung dua dines èta,” pokna daria. Salian ti èta, sangkan sakabèhna bisa jalan saluyu jeung kahayang tangtuna kudu ngajak Pemda satempat boh aparat ti Desa Urug atawa ti Kacamatan Sukajaya. Inyana yakin ku ayana Perbub-perbub ieu, Kampung Urug bisa disalametkeun sarta kahareupna tetep jadi kareueus urang Bogor.
“Titinggal kahirupan karuhun urang Sunda anu masih aya di Kabupatèn Bogor,ukur Kampung urug, nyaah kacida  lamun nepi ka leungit,”tegesna.  
  


Kepala Disbudpar Kab. Bogorm Rachmat Saujana