Kamis, 02 Juli 2015

Tim Recheking Jawa Barat Nganiley Kalurahan Sindangbarang


Lurah Sindang Barang, Eli Mulyani ngabèbèrkeun lèngkah-lèngkah anyar anu geus dilaksankeun di wewengkonna mangsa aya tim panilèy Lomba Kalurahan Tingkat Provinsi Jawa Barat, Senèn kaliwat. Inyana ogè negeskeun tina 14 anu geus dilarapkeunm ukur 7 anu dicaritakeun, nyèta Rumah Singgah Perkumpulan Komunitas Pemulihan Adiksi (PEKA), anu gunana mantuan korban narkoba boh ti Kota Bogor atawa ti saluareunna bari teu kudu mayar.
“Kiwari anggotana geus aya 30 urang,”ceuk Elly. Sawatara pihak kalurahan Sindangbarang sorangan mantuan dina widang jeung palitihan. Nu kadua nyaèta madu Syamil anu geus bisa ngurangan pangangguran sarta mantuan warga muskin boh ku pendidikan, ngawangun rumah tidak layak huni (RTLH) atawa santunan. Nu sèjènna, Hidroponik, ngamanfaatkeun pakarangan heurin sangkan bisa ngahasilkeun anu ditaratas ku Zoelfikar Moesa. Nu kaopta pamangpaatan lahan perkotaan ku dipelakan bubuahan anu satuluyna dijadikeun tempat kumpul sarta pendidikan sarta  Kegiatan Kelurahan Sehat Jiwa. Kader ieu geus ngalatih 74 urang kader sèjènna pikeun ngariksa anu depresi.

“Eta kakara sabagèan anu geus dilaksanakeun di Kalurahan Sindangbarang,”tegesna. Kalurahan Sindangbaramg ieu maju pikeun ngawakilan Kota Bogor dina  Lomba Kalurajan Tingkat Jawa Barat 2015, bari samèmèhna  ngarebut pinunjul kahiji sa-Kota Bogor. Panilèyan ieu diantarana mulai tina administrasi PKK, LPM sarta nu lianna. Sawatara èta Walikota Bogor, majuna Sindangbarang kusabab aya gawè rancagè sakabèhna, kaasup kader, masarakat anu malirè tur hayang ngawangun lemburna. Sawatar èta,  Ketua Tim Recheking ti Jawa Barat,  M. Ade Afriandi nepikeun, yèn Kota Bogor remen ditatanyakeun ku pamilon sèjèn, naha asup kana itungan 4 besar atawa henteu. Kota Bogor. Kota Bandung, Kota Banjar jeung  Kota Sukabumi, asup pikeun ngarebutkeun pininjul ka haji.  (rahmat/cikal/gus/reffi/ ARW/Dadang HP)

Rabu, 01 Juli 2015

Pramuka Kota Bogor Siap ka Jambore Dunia di Jepang



 Kwartir Cabang Pramuka Bogor siap miluan  jambore Dunia di Kirara-hama, Yamaguchi, Jepang dina  28 Juli-8 Agustus nu bakal datang. Kagiatan Jambore tingkat dunia ieu, dipiluan ku Pramuka ti loba nagara, kaasup Indonesia. Sakurangna  463 urang  Pramuka  ti Inonesia bakal miluan sarta 6 urang ti Kota Bogor diantarana 3 urang ti SMAN 1, saurang ti SMAN 10, sarta dua urang deui ti SMP Negeri 1. Para Pramuka ieu ti tingkat Penggalang, Penegak, Pandega jeung Pembina. ditarima ku Walikota Bogor, Salasa,(30/6).  Di Jepang, para Pramuka bakal miluan runtuyan kagiatan diantarana mièling ragragna bom di Hiroshima  jeung Nagasaki, patali jeung tarèkah perdamèyan dunya, sarta pergelaran seni ngawanohkeun budya tur naèk ka Gunung Fujiyama Jepang. Dina pasamoan èta, Walikota Bogor  Bima Arya nètèlakeun kacida reueus jeung reugreug ku miluna Pramuka ngawakilan Kota Bogor.
“Kuring ngarasa reueus sabab tètèla Pramuka Kota Bogor bisa ngawakilan Indonèsia, anu tangtuna geus nèmbongkeun prestasi anu hade di tingkat Provinsi Jawa Barat, nepi ka ahirna bisa ka Jepang,”tegesna. Tangtuna, kasempètan èta kacida hadèna pkeun ngawanohkeun budaya Bogor ka mancanegara ku program anu geus dijieun Kominfo Kota Bogor.(Ida Rosidah /Lani/Dadang HP)

PPDB KOta Bogor, Bisa On Line, Bisa oge Off Line



Pikeun  ngungkulan proses Panarimaan Peserta Didik Baru (PPDB) Online anu rada riweuh jeung  lèlèt kabina-bina, Dinas Pendidikan Kota Bogor ahirna ngaluarkeyn kawijakan ngagunkauen sistim off line. Lèngkah ieu dicokot sangkan calon murid anu alanyar bisa meunang kapastian kadaftar. Numutkeun Sektretaris Dinas Pendidikan, Fahrudin,  ti mimiti poè Salasa (30/6) para calon pangdaftar bisa langsung datang ka sakola pilihan utama  kujalan ngeusi formulir pangdaftaran.
“Engkèna nu dalaftar èta bakal narima tanda pangdaftaran,” ceuk Fahrudin. Saterusna  operator anu aya di sakola-sakola  bakal ngasupkeun data-datan. Kujlan kitu, para pangdaftar sakola anyar  bisa nempo jeung ngariksa pangdaftaranna ku jalan on line. Lèngkah ieu tetep dilaksanakeun sanajan sistem on line jalan. 
“Sabab tadi  peuting  ti mimiti jama satengah sabelas peuting nepi ka isuk sistimna angger jalan kusabab operator 20 SMP negeri geus bisa ngasupkeun data,”tegesna.  Salah  sahijina operator di  SMP Negeri 6 anu geus ngasupkeun data 300 urang calin muridna, sarta saurangna merlukeun waktu ukur 2 menit. Tapi hanjakalna dina  Salasa isuk sistim on line ieu deui keuna gangguan. Patali jeung ayana kajadian èta, Dinas Pendidikan Kota Bogor terus  ngalaksanakeun koordinasi jeung  Pustekom  anu ngokolakeun sistemna. Disdik ogè, ceuk Fahmi (ngaran landian Sekdis, patugas  bakal ngalayanan calon pangdaftar, 24 jam sapoèna, sangkan jadwal pangdaftaran  jeung  tanggal pangumuman tidak perlu dirobah.  (Humas Setdakot Bogor/Dadang HP)

BJB Cab. Bogor Nyumbang Beus Pariwisata ka Pemkot. Bogor



Bank Jabar Banten Cab. Bogor  masrahkeun bantuan anu mangrupa beus pariwisata ka Pamarentah Kota Bogor, sarta lagsung ditarima ku Walikota Bogor, Bima Arya di rohangan Walikota, Salasa (30/60.  Bantuan beus anu sumberna tina Corporate Social Responbility (CSR)  gedèna Rp 900 juta, sarta dingaranan Botram.
 “BJB siap  ngabantu Pemerintah Kota Bogor pikeun nyadiakeun Beus Pariwisata,” ceuk Pimpinan Cabang Bogor BJB,  Dida Herdiana. Bima sorangan negeskeun bakal ngawaskeun proses nyieun Beus Pariwisata Botram, anu diperkirakeun lilana nepi ka 3 bulanna. Sawatara èta Asisten Perekonomian, Pangwangunan jeung Kesejahtraan Rakyat, Toto M. Ulum anu marengan pasamoan èta negeskeun yèn loba anu geus dilaksanakeun ku BJB Cab. Bogor pikeun Pemkot Bogor.
“Partisipasi BJB ka Pemkot Bogor kacida hadèna sarta loba pisan anu geus dilaksanakeun pikeun Pemkot Bogor,”teges Toto. (Ida Rosidah / Lani/Dadang HP)