Mangratus-ratus
barudak sakola dasar di kota Bogor, diajak nongton film animasi sajarah Bogor. Kagiatan minangka
bagian tina kalumangsungan Pasar Budaya 2015 anu tujuanna ngawanohkeun kabudayaan jeung sajarah Bogor. Acara bisa lumangsung hasil gawè bareng Kantin
Bioskop Keliling jeung Dinas Kebudayaan, Pariwisata jeung Ekonomi Kreatif (Disbudparekraf) Kota Bogor. Numutkeun Kadisbudarekraf Kota Bogor, Shahlan Rasyidi acara pamuteran film
di Gedong Kamuning Gading bakal lumangsung salia tilu poè nyaèta ti tanggal 7 April nepi 9 April 2015. Hal èta
dicaritakeun Shahlan mangsa muka cara dina Salasa (7/4/2015).
Rabu, 08 April 2015
Selasa, 07 April 2015
Cara SDN Julang Mieling Hari Bumi
Dina
raraga mièling Hari Bumi 2015 jeung 10 taunna SD Negeri Julang, dilaksanakeun
Julang Carnaval dina poè Saptu (4/4/2015). Salian ti karanaval acara ieu ogè diramèkeun ku fashion show anu
ngamangfaatkeun bahan-bahan sèsa anu pamilo
nna ti SD jeung Taman Kanak-kanak. Sakurangna aya 44 urang miluan kagiatan ieu. Numutlkeun Kepala SD Negeri Julang, Indah Rosmana, ku ayana kagiatan ieu, para murid dibèrè kasempatan pikeun nyalurkeun bakatna ogè ngamekarkeun kabisana dina ngokolakeun runtah atawa plastic jadi barang nu bisa dijual.
“Ku
kituna diharepkeun kacerdasan barudak bisa mekar sorangan. Kagiatan ieu saluyu
jeung program Bogoh ka Bogor anu ngaharepkeun sakumna warga Kota Bogor malirè
kana kabersihan lingkungan sarta bisa ngaronjatkeun Bogor jadi kota tujuan wisata,” ceuk Indah.
Salian ti èta para murid ogè diajarkeun nyumbangka kalayan sukarèla anu
mangrupa hasil bumi, diantarana sayur jeung bubuahan ka warga nu ngabutuhkeun. Inyana miharep kagiatan èta
bisa dilaksanakeun tuluy tumuluy kusabab
mibanda nilèy-nilèy positf pikeun barudak sakola (Humas/ Dadang HP)
Senin, 06 April 2015
Bima, Usmar Ngaliwet jeung Joged Bareng
Sataun mièling pamarèntahanna, Walikota Bogor, Bima Arya
Sugiarto dibarengan Wakilna, Usmar Hariman ngalumangsungkeun patepung lawung
jeung wargana, sakumaha anu dilaksanakeun di RW 9 jeung RW 11, Kalurahan
Bubulak Kacamatan Bogor Barat, Kota Bogor, Minggu (6/5). Dina kasempetan èta
Bima, Usmar dibarengan ku Kepala Dinas Kebersihan, Irwansyah jeung Pertamanan sarta rèngrènganna, Camat Bogor
Barat, Irwan Gumelar, Lurah Bubulak, Hermawan, anggota DPRD Kota Bogor, Mahpudi
Ismail, sarta para pajabat sèjènna dahar liwet bareng jeung inohong sarta warga
satempat. Dina kasempetan èta Bima jeung
Usmar ngabagikeun rupa-rupa hadiah ti mimiti DVD player, Rice Cooker,
sterikaan ka warga nu bisa ngajawab patanyaanna. Numutkeun Bima, kagiatan èta
kacida ngabungahkeun dirina, kusabab bisa jadi jambatan pikeun nganyahokeun
pasualan-pasualan anu aya di masarakat kota Bogor. Sawatara èta, Pupuhu Panitia Palaksana, Cecep Zakaria anu
ogè anggota Tagana Kota Bogor, negeskeun yèn sumpingna Bima jeung Usmar ka
Kampung Babakan, minangka bukti lamun aranjeunna teu mopohokeun wargana.
“Baheula mangsa keur ngamimitian kampanyeu, Pa Bima sareng Pa
Usmar kungsi diajakan ka dieu, sarta jangji bakal datang deui lamun kapilih,
tah ieu minangka buktina,”ceuk Cecep. Pikeun ngalumangsungkeun kagiatan èta,
Cecep ngajak sababaraha lembaga anu aya di Kalurahan Bubulak, diantarana Kader
PKK, Pos Yandu, ulama sarta nu lianna.
Pa Bima, sanggem Cecep kurang pati resepeun kana acara nu sifatna
formal, kukituna ngahaja wujudna ngaliwet bareng jeung ngawangkong. Ayana
kagiatan ieu dimangpaatkeun ku kader Pos
Yandu pikeun nanyakeun tunjangan pikeun kaderna, cara ngurus BPJS anu
dianggap pabeulit, nepi ka bèas raskin anu gorèng kualitasna. Sedengkeun Lurah
Bubulak, Hermawan negeskeun yèn samèmèh lumangsungna acara ngaliwat, dimimitian
ku pangbukaan bank sampah di dua RW, RW 9 jeung 11.
“Insya ku ayana kagiatan ieu, masarakat di dua RW ieu, bakal leuwih sumanget dina
ngalaksanakeun kabersihan, kaamanan jeung katrengteman di lemburna sèwang-sèwangan,”tegesna.
Salian ti babagi hadiah, Bima jeung Usmar ogè nyempetkeun ngawih jeung joged
babarengan masarakat anu ngarariungna. (Dadang HP)
| Bina dipoto jeung para kader |
| Pupuhu Pantia, Cecep Zarkasih |
| Bima Joged jeung Kader PKK sarta masarakat |
| poto bareng inohong |
| Tuang liwet bareng |
Sabtu, 04 April 2015
Ngarojong #BogohkaBogor, Situ Gede Laksanakeun Sababaraha Kagiatan
Pikeun ngarojong program #BogohkaBogor, anu dihangkeutkeun ku
Walikota Bogor, di Lapangan Heulang, Kacamatan Tanah Sareal sababaraha waktu
kaliwat, Kalurahan Situ Gede anu dipingpin ku Andi SIP, ngalaksanakeun
sababaraha program, diantaran fogging di RW 06 jeung RW 09, beberesih wahangan
Cibenda di RW 03, sarta nguburkeun barang-barang urut anu geus teu kapakè, ogè
ngahangkeutkeun Ronda di wewengkonna. Kagiatan ieu minangka gawè bareng jeung
LPM Situ Gedè sarta RW tur RT di kalurahanna. Hal èta ditegeskeun ku Lurah Situ
Gedè mangsa fogging jeung ngubur
barang-barang kurut, Saptu (4/5).
“Kagiatan ieu minangka gawè bareng jeung Lurah sarta RW tur RW satempat,”ceuk Andi sawaktu ditanya
ku Warta Basa Sunda mangsa keur ngalaksanakeun kagiatan. Husus pikeun Ronda, sanggemna, minangka lèngkah
pikeun ngungkulan ramèna bègal anu ayeuna keur maceuh di mana. Sallian ti èta,
ayana ronda peuting, loba pisan gunana, lamun aya kajadian anu teu diharepkeun,
atawa warga Situ Gedè aya perlu bantuan,
boh gering atawa rèk ngalahirkeun bisa mènta bantuan ka nu keur jaraga. Program-program ieu, geus pasti meunang
pangbagèa anu kacida hadèna ti rèngrèngan Lembaga Pemberdayaan Masyarakat (LPM) Situ
Gedè sarta para RW jeung RT-na.
Numutkeun Ketua LPM Situ Gedè, Eman Sulaeman, dina urusan pagawèan-pagawèan sosial jeung nu
lianna, Lurah Situ Gedè kawilang rancagè.
“Kawas ayeuna, sanajan keur perè atawa lain jam kantor, Pa
Lurah turun langsung ngariksakeun kagiatan panyemprotan jeung nu lianna,”
sanggem Eman. Kalima sarupa ogè kaluat
ti Ketua RW 03, Hamdani anu harita milu marengan kagiatan di RW sèjèn.
Sakuduna, anu dipigawè ku Lurah Situ Gedè ieu ditarurutan ku Lurah sèjènna.
Sabab, ceuk Hamdani, lamun pamingpin turun langsung, salian ti nambah sumanget
ka nu di handap, ogè bisa nganyahokeun pasualan-pasualan anu aya di wargana.
(Dadang HP)
Langganan:
Postingan (Atom)


