Selasa, 30 Juni 2015

Kominfo Kota Bogor Umajak Sangkan Ngajual CD, VCD, DVD Asli



Mangpuluh-puluh patugas Satpol PP  jeung  Kominfo Kota Bogor, deui ngalaksanakeun pangbinaan jeung pangawasan kana sumebarna VCD sarta  DVD illegal anu masih aya di puseu-puseur pangbalanjaan, salah sahijina di Plaza Jambu Dua.
Kepala Seksi Postel  jeung  Informasi Publik Kominfo Kota Bogor Sugeng anu mingpin kagiatan èta negeskeun yèn  lèngkah èta anu dilaksanakeun ngan saukur umajak boh ka padagang atawa nu mareuli sangkan henteu ngajual sarta  meuli CD, VCD jeung  DVD anu bajakan. Inyana ogè negeskeun kagiatan pangawasan jeung pangbinaan ieu bakal lumangsung unggal bulan.
“Dina bulan Juni ayeuna sakurangna geus tilu kali ngalaksanakeun kagiatan samodèl kieu, tapi tempatna bèda-bèda,”saurna. Inyana ogè nètèlakeun dina bulan Julia nu bakal datang, sakurangna aya 10 titik anu rèk diawaskeun jeung dibina. Sugeng miharep ku ayana pangawasan jeung pangbinaan bakal ngurangan sumebarna barang-barang bajakan. Lèngkah anu bakal dilaksanakeun ti mimiti nyita CD anu hargana murah pisan, sarta meredih ka masarakat sangkan  meuli anu asli. (Tria/Lani/Dadang HP

Senin, 29 Juni 2015

Disperindag Kota Bogor Bakal Ngawaskeun 7 Pasar anu aya



Pemerintah Kota Bogor melalui Dinas Perindustrian  jeung Perdagangan (Disperindag) Kota Bogor  keur remen ngawaskeun kadaharan anu dijual di Bogor salila bulan Romadhon. Dines  ieu gawè bareng jeyng dines sèjènna kaasup Dines Kesehatan terus ngawaskeun kadaharan anu ngandung zat kimia anu ngabahayakeun. Sedengkeun Dines Pertanian sayaga dina ngariksa kadaharan anu ngakandung  unsur hewani  sarta  nabati ngabahayakeun. Tujuanna sangkan kaamanan warga dina barang dahar kajamin. Kepala Bidang Perdagangan Disperindag Kota Bogor, Sinaga sawaktu wawancara di RSPD Sipatahunan dina acara Kontak Djuanda10, negeskeun yèn dirina daria pisan dina ngawaskeun padagang anu bandel, komo deui dina bulan Ramadhan ayeuna.
M.Sinaga
“Dines ampir unggal poè ngecek harga, sangkan ulah aya anu nèangan kasempetan dina kasempitan. Pasualan ieu  pikeun kapentingan padagang jeung nu mareulina,”sangge, Sinaga. Di Lapangan, ceuk Sinaga, loba kènèh anu ngajual barang-barang atawa kadaharan anu waktuna geus bèak atawa kadaluarsa. Pikeun èta, sakurangna 3 kali dina sataunna, pihak Disperindag ngalaksanakeun sosialisasi ka masakat sangkan jadi konsumen anu pinter dina milih barang anu rèk dibeulina. Patali jeung èta. sanggem  inyana, pagawè Disperindag bakal ngawaskeun 7 pasar anu aya, sarta mun manggihan padagang anu bandel bakal dihukuman ti mimiti panghasilan nepi ka padagang ku ancaman 2 tahun panjara  atawa  denda Rp 5 milyar.
“Pikeun nedunan pamènta masarakat bakal diayakeun pasar murah dina tanggal 8-9 Juli nu bakal datang di di Bakorwil Jl. Juanda Kota Bogor.(rahmat/mor/Dadang HP)