Jumat, 27 Maret 2015

Tower Bodong di Jalan Mayor Oking Dibongkar Satpol PP



WartaBasaSunda, Bogor. Tim Panegak Peraturan Daerah (Gakperda)   Satuan Polisi Pamong Praja (Satpol PP), ngabongkar  tower mono poll anu aya di hareupeun ruko di wewengkon Jalan Mayor Oking, Kelurahan Cibogor, Bogor Tengah, Kota Bogor, Kemis (26/3/2015). Tower bogana provider Bolt èta , kanyahoan teu mibanda izin atawa bodong. Samèmèh ngabongkar dina jam 10.00. patugas macakeun  berita acara palaksanaan pangbongkaran wangunan tower nomer 502/19-Gakperda/III/2015.  Saterusan  kandaraan alat beurat jinis  crane diturunkeun pikeun ngabongkar tower anu luhurna kurang leuwih 20 meter. Kasatpol PP Kota Bogor Eko Prabowo nètèlakeun wangunan tower èta geus ngarumpak Perda 14/2008 ngeunaan Penyelenggaraan Menara  jeung  Perda 7/2006  ngeunan Bangunan Gedung. 
 
" Mangsa disegel bulan September kaliwat, tower ieu can aktif. tapi saentas dipariksa deui segelna geus dicoplokeun sarta towerna aktif.  Ieu jelas   ngarumpak aturan kawilang beurat,” sanggem Eko.  Dina kagiatan pangbongkaran èta, Satpol PP Kota Bogor,  nurunkeun 2 pleton  atawa 40 urang patugas sarta mèakeun waragad Rp 12 juta.  Pikeun sawatara waktu beusi tower disita tur dibawa ka Kantor Satpol PP  pikeun ngadagoan proses satulutna saluyu jeung aturan anu lumaku. (Lani/Tria/Dadang HP)



Rabu, 25 Maret 2015

Tarekah Disbudaparekraf Kota Bogor Pikeun Budaya Sunda



WartaBasaSunda, Bogor. Sakurangna 50  urang murid SMP, SMA jeung SMK Kota Bogor, miluan Workshop  ngeunaan kasurtian satempat anu dilaksanakeun ku Dines Kabudayaan, Pariwisata jeung Ekonomi Kreatif (Disbudaparekraf) Kota Bogor anu lumangsung salila dua poè di Warung Kondang, Jalan Dr. Sumeru Kota Bogor. Hal ieu dijentrèkeun ku Kadisbudparekraf, H. Shahlan Rasyidi mangsa rèngsè mere biantara dina kagiatan èta, Kemis ( 26/3). Numutkeun Shahlan kagiatan èta  unggal taun dilaksanakeun ku dines anu dipingpinna.

                                H. Shahlan Rasyidi

“Samèmèhna ngeunaan basa jeung ka aksara  Sunda  pikeun para guru, jeung organisasi kasundaan. Tapi taun ayeuna mah ngahaja ka barudak sakola langsung, sabab nu bakal neruskeun miara, ngarumat jeung mekarkeun budaya Sunda tèh pastina maranèhna,”sanggem Shahlan. Pikeun panyaturna, aya tilu urang, nyaèta Dr. Alif Zaini anu bakal medarkeun ngeunaan kaulinan urang lembur, basa  jeung unak-anikna  ku Dr. Hawe Setuawan, duanana ti  Bandung, sedengkeun ngeunaan adab-adaban urang Sunda bakal dijelaskeun ku Drs. Ujang Suherman, budayawan ti Bogor.  Salah sahiji alesan ayana kagiatan ieu, numutekun Shahlan narèkahan sangkan barudak Sunda wanoheun kana budayana. Sabab ku lobana bèja ti luar anu asup kacida deresna ngaliwatan sababaaha panto informasi, nyababkeun budaya sorangan kacida kadèsèhna ku budaya deungeun.
“Salah sahiji contona basa Sunda geus arang digunakeun ku barudak sakola atawa rumaja, kitu ogè kaulian barudak lembur anu tètèla kacida loba mangfaatna pikeun kamekaran jiwa barudak geus mimiti kagantian ku kaulinan modern jaman ayeuna,”tegesna.  Sawatara ngeunaan adab-adaban sunda, sanggemna, kacida diperlukeun ku barudak ayeuna, enggoning  ngambah kahirupan sapopoè sarta kahareupna. Sabab anu diajarkeun ku karuhun urang Sunda, saèstuna  salaras pisan jeung ajaran Islam. Kagiatan workshop ieu diramekeun ku kacapi tunggal, Sang Prameswari Tri Buwana Tunggal Dewi, murid SMP Negeri 11 Kota Bogor anu mintonkeun kabisana ngawih Sunda diantarana lagu Sabilulungan.. (Dadang HP)

KTR, Loba Kènèh PNS nu Ngarumpak Aturan





Tim Satuan Gabungan Kawasan Tanpa Rokok (KTR) Kota Bogor  ngalumangsungkeun inspeksi ngadadak (siak)  ka Gedong Balaikota  jeung DPRD.  Tim anu anggotana gabungan ti Dines Kesehatan, Sat Pol.PP, Kepolisian jeung  LSM  Komunitas No Tobacco Kota Bogor  pikeun anu munggaran datang ka gedong DPRD saterusna ka Balèkota dina poè Salasa (24/3). Ampir sakabèh rohangan dipariksa  pikeun nganyahokeun naha aya nu ngudud atawa henteu.Tapi lain semet nepi ka dinya wungkul, tim ogè mariksa wadah runtah, bisi aya punting rokok anu di piceun ka dinya.  Kepala Seksi Promosi Kesehatan (Promkes), Dinas Kesehatan Kota Bogor Nia Nurkania  ngajelaskeun  yèn  kagiatan anu dilaksanakeun mangrupa pagawèan munggaran dina  dina taun 2015 bari ngagunakeun mobil anyar Tipiring Pol PP. Nu katèwak ngarumpak aturan langsung disidangkeun dina jero mobil. Numutkeun Nia, ku ngagunakeun kandaraan èta. bisa ngirit waktu, lamun pamariksaanna kudu pindah-pindah tempt kitu ogè  pikeun Hakim jeung Jaksana. Tina hasil pamariksaan  èta, patugas manggihan loba anu ngarumpak aturan nyaèta masih kènèh aya nu ngaroko di jero rohangan. Pikeun kajadian èta, tim gabungan  bakal mere surat tegoran ka kepala SKPDna.(tria/lani/dhp)

Selasa, 24 Maret 2015

Milangkala Bogor ka 533 Bakal Leuwih Rame



WartaBasaSunda. Bogor. Pupuhu Panitia Milangkala Bogor ka 533 Sentradaksa Bogor, Tjetjep Thoriq negeskeun yèn sakurangna aya 5 acara kagiatan budaya anu bakal dipintonkeun dina raraga ngareuah-reuah milangkala Bogor. Hal èta ditegeskeun Tjetjep mangsa rapat koordinasi di Sekretariat Perkumpulan Budaya Sentradaksa Bogor, Gedung Nipodenso, Jalan Kedunghalang Talang Kota Bogor, Salasa (24/4)/ Numutkeun anjeunna, 5 kagiatan èta nyaèta Pawèy Budaya, Pentas Budaya, Pawèy Obor, Babakti jeung Babagi Totopong.
“Insya Allah kagiatan ieu bakal dikoordinasikeun jeung Pemkot Bogor ngaliwatan Dines Kabudayaan, Pariwisata jeung Ekonomi Kreatif Kota Bogor anu dipingpin ku Kang Haji Shahlan Rasidi,”ceuk Tjetjep ka Warta Basa Sunda. Patali jeung èta, inyana miharep pisan ayana partisipasi ti masarakat sangkan kagiatana lumangsung sukses. 
"Insya lamun rea anu ngarojong milangkal Bogor ka 533 bakal leuwih rame," saurna
(DHP)

Pemkot Bogor Umajak Sangkan Henteu CD/VCD/DVD Bajakan




Masih lobana sumebarna CD/VCD/DVD bajakan di Kota Bogor, lain waè  ngarugikeun  nu nyiptana, tapi geus ngarumpak UU Hak Cipta No. 19 Taun 2012 ngeunaan Pelanggaran Hak Cipta  jeung  Peraturan Pemerintah No. 2 Taun 2005. Pikeun ngungkulanna, Pemerintah Kota Bogor ku alpukahna  Kantor Komunikasi  jeung Informatika (Kominfo) terus ngalaksanakeun sosialisasi boh ka masarakat atawa ka para padagangna.  Sosialisasi ieu dilaksanakeun dina poè Salasa (24/3) ka pasar-pasar jeung sababaraha puseur pangbalanjaan modern ku cara  mere  penjelasan langsung  ngeunaan UU Hak Cipta  sarta hukumanna ogè bari nempelkeun Stiker umajak sangkan henteu meuli CD/VCD/DVD bajakan. 
Kepala Seksi Pos Telekomunikasi  jeung Informasi Publik Kominfo Kota Bogor, Firman B nètèlakeun aya 10 titik lokasi  anu bakal jadi sasaran sosialisasi. Pikeun anu munggaran dilaksanakeun di  Pasar Bogor ku jalan nurunkeun tim gabungan anu lobana 25 urang gabungan ti Kantor Kominfo, Satpol PP  jeung  kapolisian.
“Pikeun bulan Maret sosilasasi  kakara dilaksanakeun di hiji titik. Saentas dievaluasi kakara bakal nangtukeun tempat nu sèjènna,” ceuj Firman Diharepkeun ku kagiatan ieu, masarakat henteu meuli deui CD atawa VCD bajakan. (Tria/Lani/DHP)