“Para siswa di dieu
kacida somėah,
disiplin sarta gancang pisan diajak komunukasi, sakolana kacida pinuh warna tur
kagiatan anu direncakeun bisa lumangsung lancar,” ceuk Branko.
Sawatara ėta
wawakil guruna, Mr.Luc miharep pisan
hubungan anu geus dimimitain ulah ngan saukur nepi ka poė ėta wungkul tapi bisa
lumangsung kahareupna.
“We really hope our
relationship not only this morning but
we stll make the relationship in the future,”tegesna. Sedengkeun Kepala
SDN Polisi 4, Yayah Komariah, ngarasa
bungah ku kasumpingan barudak sakola ti
Walanda anu dijejeran ku De Tara Foundation anu gawė bareng jeung Global Expedition sarta salah sahiji lembaga
pendidikan di Belanda.
“Maranhanna bakal aya di Indoensia salila 5 poė, jeung saur
Yayah. Dijelaskeun ku inyana program anu
dihangkeutkeun ku rombongan ėta dina raraga dating ka Indonesia nyaėta Learning, Sharing and Protecting Our Cultural
for Our Better Society.

“Jadi maranėhanana waė
ngahangkeutkeun pikeun nantayungan budaya aslina kunaon urang heunteu. Numatak dibagėakeun ku Tarian Manuk Caladi jeung Pupuh anu sakabėhna ti Sunda ambėh
nyahoeun yėn program samodėl kitu di urang mah geus dilaksanakeun.” Ceuk Yayah,
tatag.

